Ajag Nangtang Jelema

Dongeng Sunda Sasatoan

Dongeng Sunda Sasatoan

Ajag Nangtang Jelema

Usum katiga kawilang panjang,  atuh  panon  poé ogé  karasa  panas  morérét. Jujukutan  taya  nu  jadi, paréang  nungtut  paraéh. Di  hiji  rungkun  peucang ngiuhan bangun nu horéam lunta,  geus  teu  werateun jigana mah  kawantu  ti  isuk can  kararaban  dahareun. Awakna  begang  kari  kulit jeung  tulang,  leumpangna gé  geus  rarampéolan.  Keur uleng mikiran nasibna,  teu kanyahoan  ti mana  jolna ujug-ujug korosak ajag nyampeurkeun bari babaung.

Dongeng Sunda Sasatoan
Dongeng Sunda Sasatoan
“Ieu geuning hakaneun aing téh,” ceuk ajag, “Awas, peucang, manéh ulah boga pikiran lumpat. Ka mana ogé moal burung diberik . . .” pokna deui bari angger babaung.

Sakadang  peucang  reuwas  nataku,  tapi  gancang  mindingan kareuwasna.

“Duh . . . boro-boro mun bisa lumpat, leumpang ogé geus teu kuat. Seug komo anjeun mah kapan mahluk anu pohara gagahna . . . “

Pohara bungahna ajag ngadéngé omongan peucang kitu téh.

“Ari  jeung  Si  Coréléng?”  ceuk  Ajag,  maksudna  hayang ngabandingkeun jeung maung.
“Enya  ogé  kasebutna  raja  leuweung  .  .  .  kuring mah wani  nyekel anjeun . . .”
“Maksudna?”
“Enya  .  .  .  lamun  téa mah  anjeun  tarung  jeung maung,  anjeun nu bakal meunang,” témbal peucang.
“Naha? Kapan geus katotol tukang nekukan sapi . . . munding . . .”
“Sapi  jeung  munding  ditekukan,  da  puguh  teu  boga  sihung  teu boga kuku  .  .  . Ari anjeun? Sihung boga, huntu karuat, kuku sareukeut, awak wedel . . . geus karuhan lumpat mah leceng. Da puguh anjeun mah ditakdirkeun boga awak alus, henteu ngagibleg! Sedeng Si Coréléng mah kapan anjeun gé apal, kalah awak baé nambru ari gawé ngan heuay jeung héés, najan boga sihung gé . . . “

Teu kaampeuh bungahna ajag ngadéngé omongan peucang. Terus babaung némbongkeun huntuna nu ranggéténg. Jurungkunung ngangkat dua sukuna nu hareup, némbongkeun kasombonganana.

“Tapi  .  .  .  ,”  omong  peucang,  ngarandeg,  “Aya  nu  leuwih  kuat  ti anjeun . . .”
“Hah?!  Saha?  Sato  naon?  Pok  geura  sebutkeun!”  témpas  ajag, mudigdig ambek.
“Jelema,” jawab peucang, leuleuy.
“Baruk  jelema  .  .  .  Jiga  kumaha  mahluk  nu  disebut  jelema  téh? Sabaraha hiji sukuna? Naha sarua kitu boga sihung  jeung huntu karuat jiga aing?”
“Henteu  .  .  .  henteu  boga  sihung  .  .  .  henteu  boga  kuku  seukeut, malah sukuna ogé dua ..”
“Hahahaaa  .  .  .”  ajag  seuri  ngeunah,  “Atuh  sakali  nekuk  ogé ngarumpuyuk. Seug komo sukuna dua mah . . . alah naon kakuatanana,” omong ajag, ngéjék.
“Enya ku kitu  téa mah,  tapi  jelema mah boga pakarang nu  leuwih ampuh ti sihung.”
“Naon? Naon pakarangna?”
“Akal . . .jelema mah boga akal!” jawab peucang.
“Naon  ari  akal  téh?  Naha  leuwih  seukeut  jeung  kuat  ti  huntu jeung kuku  aing?  . Ayeuna mah montong  loba bacot  .  .  . gancang  aing tepungkeun  jeung nu ngaran  jelema,” omong  ajag. Awahing ku  ambek ngadéngé aya nu  leuwih gagah  ti dirina,  lat baé poho yén manéhna  téh keur nyanghareupan kadaharan nu girinyih nyatana peucang.
“Hésé  nerangkeunana  akal  mah.  Ayeuna  mah  hayu  baé  urang buktikeun,” ceuk peucang.

Peucang  kaluar  tina  rungkun,  dituturkeun  ku  ajag  anu  teu weléh babaung. Barang  tepi ka  jalan  satapak, paragi  liliwatan  jelema. Randeg peucang ngarandeg.

“Tah, di dieu  jelema  téh  sok ngaliwatna. Ayeuna mah hayu urang nyumput di nu suni, urang intip ti kajauhan,” ceuk peucang deui.

Peucang jeung ajag nyarumput, buni naker.

“Mana jelema téh! Aing geus teu sabar hayang nekuk . . .” ceuk ajag, kakara gé sup asup kana panyumputan.

Teu kungsi lila rentang-rentang katénjo aya budak leutik leumpang, ngagandong tas, Bajuna bodas-beureum, balik sakola jigana mah.

“Itu  jelema  téh? Ayeuna  siah  ku  aing digabrug,”  omong  ajag  bari tibuburanjat rék kaluar tina panyumputan.
“His! Lain, lain jelema éta mah!” jawab peucang.
“Geuning ituh sukuna dua . . .” ceuk ajag.
“Lain . . . lain jelema! Éta mah pijelemaeun. Ké, sabar . . .sakeudeung deui gé ngurunyung.”

Sabot  budak  leungit  tina  panénjo  peucang  jeung  ajag,  rentang-rentang témbong aki-aki maké iteuk.

“Itu meureun, nya?” ceuk ajag, awas naker.
“Éta gé lain deuih . . .” témbal peucang, “Tuh, geuning sukuna ogé tilu. Lain jelema, lain!”
“Lamun kitu anjeun ngabohong!” témpas ajag.
“Ké . . .  sabar lanan,” peucang angger leuleuy.

Teu sawatara lila, ti kajauhan témbong paninggaran, mawa bedil.

“Tuh,  lamun  itu  enya  jelema  .  .  .”  omong  peucang,  “Pék  kainyah geura pegat!”

Teu  loba  omong,  gajleng  ajag  kaluar  tina  panyumputan  muru ka  jalan. Ngajega  bari  babaung  di  tengah  jalan.  Barang  nénjo  aya  ajag babaung, paninggaran ngarandeg, rikat ngokangkeun bedilna.

“Aéh, aéh rék narajang siah . . .” ceuk paninggaran. Dorrr! Sora bedil minuhan leuweung. Bareng jeung beledagna bedil, ajag ngudupruk, getih ulaweran. Nguk . . . nguuuk . . .kusek! Harita kénéh ajag paéh. Lantaran jelema mah  teu  beukieun  daging  ajag,  atuh  diantep  baé  ngajoprak  di jalan.

Sanggeus  paninggaran  indit,  kurumuy  peucang  kaluar  tina panyumputanana. Nyampeurkeun.

“Matak ogé ulah sombong, asa aing panggagahna . . . “ ceuk peucang bari nokér bugang ajag ku sukuna. Geus kitu mah léos baé indit.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan.