Asih Kuring
Ku Tiwi Sonia
Asih kuring nu terus mapaykeun bagja
Ngabewarakeun rasa
Kiwari geus suda tanaga
Saukur bisa nikreuh mapay saban tanjakan
Di barung hegak-hegak nu teu kalis
Kapegat rasa rumasa
Asih kuring nu terus padung dengan
Antara hate jeung pikir boa ngarangrangan
Maluguran laun-laun jiga daun
Ngalakay nyimpaykeun nu baris lugas
“Asih Kuring Ngalungsur Ngagelar Kadar”