Si Buncir Naheunkeun Bubu
Pareng Meunang Anggay-Anggay
Diwadahan Kana Batok.
Hayam Macok Anggay-Anggay
Si Buncir Boga Pamenta
Hayam Nu Jadi Gantina.
Hayamna Katinggang Halu
Atuh Paeh Saharita
Halu Nu Jadi Gantina.
Haluna Katincak Munding
Sabab Potong Menta Ganti
Si Buncir Dakwa Ka Hakim
Munding Milikna Si Buncir.
Mundingna Katinggang Limus
Paeh Menta Digantian
Ku Ki Tani Diturutkeun
Buah Limus Matak Uruy.
Demi Nyi Putri Ningali
Kacida Pisan Palayna
Limus Dipesek Dituang
Seep Ngan Tinggal Pelokna.
Nyi Putri Jadi Gantina
Buncir Teras Salin Rupa
Jangkung Pohara Kasepna
Katelahna Gandarasa.