Kayung yung

Carpon Bahasa Sunda

Kayung yung

Tétéla lain pagawéan gampang-gampang hayang panggih jeung Pa Walikota téh, kurang-kurang kuat tekad mah sigana ti mangkukna gé geus pegat pangharepan. Hayang seuri puguh gé, hiji poé kuring datang ka bagéan umum Balaikota tuluy balaka yén rék ngajukeun surat permohonan audiensi ka Bapa walikota, ari dianteurkeun téh ka hiji awéwé nu keur anteng dihareupeun komputer. Nalika kuring nembrakeun surat téa manéhna ngarérét meueusan siga nu rada bendu pédah kaganggu, pokna.

“Iraha kitu rék audiensina?”

“Ping 28 oktober bu.” Kuring némbal, rét manéhna kana kalénder méja nu aya dihareupeunna.

“Teu kira-kira, atuh éta mah dua minggu deui ti ayeuna. Yeuh ibu, didinya ulah ngagampangkeun. Hayang panggih jeung walikota téh hésé, suratna kudu asup heula ka bagéan umum tidieu dikirim ka bagéan humas, kakara asup ka tata usaha Walikota. Minimal tilu bulan saméméhna. Moal moal bisa.” Cenah bari kekepéhan nyieuhkeun surat kuring.

“Leuh, hapunten wé bu. Ieu téh pengumumanna nembe dibuka kamari yén sakola abdi lebet ka tingkat nasional kukituna nya nembé tiasa ayeuna nepangan kadieu. Duh, nyungkeun dibantos wé bu margi ieu penting pisan, ngawakilan kota urang ka tingkat nasional.” Kuring sasadu ménta ditulungan.

“Nya sok wé asupkeun heula suratna ngan teu bisa ngajanjikeun bisa atawa henteuna.” Pokna mungkas obrolan da terus anteng deui kana komputer. Kuring teu bisa kumaha, surat nu geus disieuhkeun ku manéhna ceg ku kuring diteundeun na méjana. Sanggeus uluk salam léos wé indit, teu hayang papanjangan aing mah urusan jeung jelema goréng budi siga kitu lir rujak cuka, haseum. Karék tilu léngkah panasaran kuring malik deui ka tukang hayang nyaho naon nu keur dipigawé ku manéhna, beu horéng si mana horéng tétéla manéhna keur ngerjakeun pésbuk. Pantes embung pisan kaganggu. Beuki sebel wé.

Dina lift rék turun ka handap bet panggih jeung si Rustam babaturan basa prajabatan. Atuh jadi resep ngobrol heula dina korsi ruang tamu, tétéla manéhna téh kiwari geus diangkat jadi ajudan Walikota. Aduh ieung, aya ku kabeneran pok kuring ngabalakakeun pamaksudan réh datang ka balai kota. Dasar gedé milik, manéhna daék mantuan.

“Naha énté lain nelepon atuh ka uing, meureun ti kamari gé geus diuruskeun ku uing.”

“Nya éta kuring teu apal didinya geus naék pangkat jadi ajudan, lainna basa diangkat téh bagéan kepegawaian?”

“Heueuh, kos nu teu apal waé pan uing téh jadi tim suksés basa Pa Walikota keur nyalon, hehehe.” Emh, aya ku gampang nya ayeuna mah gerentes kuring na haté.

“Nya nuhun wé  atuh Tam, ari énté rék mantuan mah. Puguh lebar mun teu dituluykeun soalna ieu lomba film pendék anu salah sahiji scene-na téh aya wawancara jeung Pa walikota. Mun teu jadi téh tangtu bakal wirang uing Tam.”

“Naha bet wirang?”

“Atuda geus kapilih naskahna ku panitia.”

“Meunang duit gedé atuh?”

“Teu meunang ari duit mah, ngan dibéré kamera we jeung sapuratina.”

“heueuh sip lah, aman. Ke ku uing ditepikeun ka Bapa sugan aya waktu kosong. Yu ah euy, uing rék ka luhur deui.” Pokna bari kuniang cengkat, kuring nurutan cengkat.

“Nuhun nya Tam.”

“Heueuh, kalem wé euy siga ka saha waé.”

Asa rék buntu laku jadi ngemplong jalan téh. haté mudal ku kabagjaan. Kamari mah kuring bébéja rék wawancara ka walikota bet diseungseurikeun ku kapala sakola téh, naskah filmna gé teu ditoél-toél acan malah. Da siga nu hakul yakin yén kuring moal mungkin bisa nepungan Pa Walikota. Keun baé teu nanaon rék percaya rék henteu gé nu penting suratna ditanda tangan ku manéhna, sarua deuih caritana di dinas gé, ngadon pada nyeungseurikeun. Malah ditambahan ku rada jebi bari ngomong

“Lomba film tingkat nasional, yakin?” Teu, didinya gé kuring teu panjang carita keun baé lah nu penting mah usaha.

Ari hég, ayeuna naskahna kapilih jadi salah sahiji tina sapuluh best storyline sa-Indonesia anu antukna ieu naskah kudu digarap jadi hiji film pondok. Atoh ku dua ku tilu, atoh sabab bisa meunang hadiah mangrupa kaméra handycam kaluaran panganyarna jeung atoh sabab bisa ngabuktikeun ka nu dilaluhur yén kuring mampu. Heuheuy deudeuh.

Tah ari hayang seurina, nalika si Rustam nelepon yén Pa Walikota kersaeun nyayogikeun waktos pikeun audiensi jeung kuring, beu dadak sakala kuring jadi orang penting. Telepon krang kring disada waé jeung deuih lain si itu si éta nu neleponna gé, ieu mah euy nu neleponna gé kepala dinas pendidikan kota! Sok tah pikiran, edun pan. Geus puguh ari kapala sakola mah riweuhna lain lumayan, ujug-ujug nanyakeun kumaha jalan caritana film kuring. Maké jeung imeut mariksa dimana waé lokasina, sabaraha anggaranna, saha waé tokohna. Duh, meni jadi bageur kacida tah Pa Kapala téh. Kayungyun.

Dina poéan kuring audiénsi téa, rumasa kuring mah tukang seuri. Asa kawalahan nahan piseurieun harita téh. Mun teu nginget-nginget sinétron pikasediheun nu tadi peuting dilalajoan sigana kana bedah kuring nyakakak. Tu da enya, nalika kuring diuk dina korsi ruang tunggu Walikota rét ka belah kénca aya Pa Kepala Sekolah jeung Bu Pengawas meni garinding naker jaba melengseng bau minyak seungit nyedek kana irung, teuing saha nu maké minyak bari jeung loba teuing tangka nyegak. Belah katuhu Kepala Dinas Pendidikan katut Kepala Dinas pemuda dan olahraga meni garagah maké jeung nyangreudkeun dasi sagala na kaméjana. Ari kuring rét kahandap sapatu pantopel nu geus nganjang ka tukang sol sapatu dua iangan, kaluhur saeutik katempo kaméja batik korpri nu geus belel. Cikikik seuri. Ambuing jauh taneuh ka langit euy. Jeung naha ujug-ujug rariweuh nganteur, da uing mah sorangan gé bisa, ceuk kuring na haté.

Teu burung lancar atuh audiensi téh, najan rada lila da nu ngajarajap riweuh hayang dipoto heula. Pa Walikota kacida ngadukungna kana film kuring anu eusina ngangkat sistem pengelolaan sampah kota nu dipingpin ku manéhna. Katémbong mastakana ngan unggut-unggutan wé nalika maca naskah beunang kuring.

“Bagus-bagus mudah-mudahan jadi juara ya bu, saya mendukung seratus persen!” Saur Pa Walikota dina basa batawi da anjeunna mah sanés urang Sunda. Nalika réngsé audiénsi Pa Walikota jajap kuring kaluar ti rohangan anjeunna. Dasar kudu aya wé pikaseurieun téh ari kaluar ari gok téh jeung ibu-ibu petugas bagéan umum nu kuraweud haseum téa. Rada ngajenghok manéhna barang nempo yén kuring dijajap Pa Walikota kaluar ti rohanganna. Can gé ngumpul pangacianna, Pa Walikota ngagentraan.

“Bu Wiwin, tolong antarkan tamu saya ini ke bawah!”

“Ba Baik Pa!” rada arapap areupeup Bu Wiwin ngajawab. Atuh kuring asa enya, leumpang kaluar ti rohang walikota bari diabringkeun ku para Kapala Dinas jeung Staf Walikota. Moal boa siga ménak nu diringkeun ku rahayatna rék ngadon munday di leuwi sipatahunan, hahahaha. Beukah atuh irung gé.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan.