Maen bal

Carpon Bahasa Sunda

Maen Bal

Wanci ngayuh ka tengah peuting, Désa Cimalik bangun keur ngahodhod katirisan sanggeus hujan ngaguyur ti soré mula. Raat-raat téh sanggeus wanci sareureuh budak. Usum mimiti ngijih kitu atuh, jalan gé barelok pinuh ku leutak da hujan téh méh unggal poé. Urang dinya mah geus haroréameun indit-inditan, ari geus belok téh, sok anggur ngaringkeb ngeukeupan hawu wé bari ngabulak-balik beuleum hui boléd. Nu kabagéan ronda ngawayahnakeun ngider ngurilingan lembur, kadéngé sora kohkolna hawar-hawar ti kajauhan. Cécép, Samad jeung Ujang Agus mah kabagéan jaga di pos ronda bari nungguan durukan.

“Leuh, tiris-tiris teuing peuting ayeuna mah euy, jeung asa simpé pisan teu kadéngé sora bueuk-bueuk acan.” Ceuk Cécép nu diuk di juru pos bari ngaharudungkeun sarung.

“Sia mah ngomong téh dapon eungab wungkul. Kupingkeun tah ku jejewir sora gaang mani raéng patémbalan, nu bongé sotéh moal nyahoeun.” Samad nyempad bari ngasurkeun awi kana durukan.

“Naa juragan téh tos teu gaduh émutan? Ceuk kuring gé teu kadéngé sotéh sora bueuk, ari sora gaang mah pan euweuh pancakakina jeung sakadang bueuk, sanés kitu Jang? Cing ah, nyungkeun sabatang.” Jawab Cécép bari solongkrong nyokot bungkus roko nu Jang Agus.

“Ngamodal atuh euy ari ngaronda téh, geus jadi kacapangan tai ucing dina rantang kadituna cing sabatang.” Samad némbal deui.

“Heueuh puguh gé, kahayang téh unggal ngaronda hég meunang gaji tina béas pérélék, emh mana teuing pogotna mun enya téh, aya meureun keur meuli garpit waé mah” Ceuk Cécép.

“Atuh sanés gé bakti kang, ari kedah diburuhan mah.” Jang Agus nu ti tadi jempé bari ngadéangkeun dampal leungeunna mimiti disada.

“Beu étah Ujang, jalma carang takol ari sakalina cumarios bet pinuh ku eusi, bong kéna ménak. Punten ah, nambut béngsin” Cécép nampanan béngsin ti Jang agus.

“Heueuh, teu cara manéh Encép, sakalina ngomong téh ngadon nginjeum duit.” Ceuk Samad.

“Naa aya ku teu kinten-kinten éta nu nuduh. Kutan, saha jalmina anu mindeng pulang anting ka warung Mang Parman? Ari paripaos teu gaduh artos, panginten nganjuk téa namina nu kitu peta mah, leres?” Ceuk Cécép bari ngahurungkeun béngsin, sut nyundut roko pelenyun pelenyun haseup tingsariuk tina bahamna.

“Ah, Kang Cécép mah ari tos ngagonjak téh sok kamalinaan. Kang Samad mah sering ka warung Mang Parman sotéh…” Jang Agus teu neruskeun caritaanna ngadon imut bari ngarérét Samad. Cécép ngahuleng laju cengkat, pokna.

“Ooooh, kaharti ayeuna mah Jang. Baruk aya nu dianjing cai, aya nu di héroan. Heuheuy, Néng Titin téa atuh, mojang pangrancunitna saalam dunya.”

“Gandéng ah, bau sungut!” Ceuk Samad bari ngélémés.

Ka dituna bet jadi silih gonjak beubeureuh nu ngaronda téh, ti dituna mah nyingkahan pitunduheun meureun. Rentang-rentang ti kajauhan katémbong barudak ngora duaan ngaringkang ti nu poék ngadeukeutan pos ronda. Moal aya nu bireuk deui ka sobat dua éta mah. Nya Dadang jeung Uha pisan nu tadi kabagéan ngurilingan lembur. Kapireng sora sapatu botna patingdelewo dina leutak.

“Tah gening nu nguriling karék nepi deui ka dieu.” Samad cengkat bari memener sarungna tuluy nyalukan, “Dang, maranéh ta téh?” pokna deui.

“Heueuh!” témbalna di nu poék da can nepi ka pos mah.

“Sugan téh tuluy baralik euy, boro rék diarah isukan di masigit!” ceuk Cécép, teu buru buru nembal nu geus ngurumuy téh sigana mah sérab kénéh titingalianna sahenteuna ti nu poék ka nu caang.

“Gagabah teuing, tadi urang panggih jeung si Dédén. Ngobrol heula wéh di palebah buruan Mang Parman.” Ceuk Dadang bari gigisik.

“Dédén urang tegal Ciminyak lin? Na aya naon?” Cécép nanya.

“Wayahna cenah urang dieu kudu udunan 150 rebu jang meuli bal, pan bal nu tiheula ngadon palid ka walungan Ciminyak urut urang maén basa Agustusan ning, ari pagéto urang Lio rék marag kadieu. Éra atuh mun urang teu boga bal mah.” Ceuk Uha bari gék diuk dina pos ronda. “Wirang atuh!”

“Wah, kana piraméeun euy maén jeung urang Lio mah, saha téh kokojona téh? Si Rawing Rawing téa ning. Éy cing sumpahna gé si éta mah najongna tarik pisan, surup jeung bitisna nu sagedé-gedé awi gombong.” Ceuk Cécép bangun jigrah “Tapi wani lah, urang gé ngalawanna. Dibéré tujuh enol gé meujeuhna méh teu garedé hulu teuing nya euy?”

“Euh, lain éta nu kudu dipikiran mah, da heueuh ari sual kakuatan mah wani ngadu. Pikiraneun mah éta ti mana piduiteunna, apal meureun di lembur urang can usum panén.” Ceuk Dadang.

“Enya, bener ogé Dang, bororaah keur udunan euy, hutang ka Mang Parman gé raweuy kénéh uing mah.” Ceuk Samad.

“Euweuh kaéra ka pimitohaeun téh, ngadon ngahutang wé nyah?” tembal Cécép. Samad nyéréngéh. Nu lain leng uleng mikiran ti mana kudu néangan piduiteun. Keur jempling kitu pok téh Jang Agus nyarita.

“Kieu wé atuh Kang, di abdi aya lima puluh rébu ladang ngajual Si Pelung poé pasar kamari, mangga wé sésana mah badamikeun deui.”

“Wah, untung boga dunungan bageur euy! Kumaha tah sésana saratus rebu deui?” Ceuk Uha.

“Lah, teuing bakal panuju teuing moal maranéh kana ideu déwék.” Ujug-ujug Cécép nyeuleungkeung.

“Cik..cik na kumaha?”

“Lah, heurin ku létah.”

“Beu, montong gumasép lah. Sok sok geura pok. Daripada urang kawiwirangan ku urang Lio.” Ceuk Dadang teu sabar.

“Kieu euy, apal kebon kalapa Haji Sodik?”

“Nu mana da loba, nu di Cigagak, nu di Sorogalang atawa nu di Babakan Johar?” Samad nanya.

“Nu di Babakan Johar. Pan sakitu legana bari jeung geus aya sabulanna teu dialaan. Emh, abong jelema beunghar geus teu butuheun ku pakaya.”

“Ké ké teu ngarti uing mah, pasualan urang gé can bérés bet ujug-ujug ngomongkeun pakaya batur, kateuteuari pisan. Kumaha ieu téh?” témpas Uha.

“Euh, matakna ulah motong caritaan batur pamali matak béngkok tikoro.” Ceuk Cécép.

“Asa kakara ngadéngé.” Uha ngagerenyem.

“Kieu euy rencana téh…” Cécép haharéwosan, gaang beuki raéng kapirengna.

“Heueuh lah satuju, sahenteuna ari maok ka nu beunghar mah moal gedé teuing dosana, teu cara mun urang maok ka nu kokoro.” Ceuk Samad bari cengkat tuluy rap maké sendalna. Peuting beuki tibra.

Teu burung ramé nu tanding maen bal téh, itu jeung ieu pada-pada hayang meunang. Ari tim Cimalik, sahenteuna nu jadi tuan rumah mah mawa harepan sakurna urang Cimalik sa-Cimalik. Nu matak rék teu ngagedur kumaha sumangetna, pok deui pok deui Cécép nyebut ulah ngawirangkeun ngaran Cimalik ka sakumna pamaén. Kitu deui Tim Lio, dibobotohan ku urang Lio anu ngahajakeun datang pikeun méré sumanget. Atuh maénna gé siga nu popohoan.

Si Rawing anu jadi kokojo Lio téa enya lumpatna seserebutan tarik, ceuk nu bohong téa mah nepika notog-notogkeun manéh lumpatna merik bal téh, lir jamparing leupas tina gondéwa. Awakna busekel jeung bitisna teuas, lawan anu beurat keur urang Cimalik mah. Ari béntang lapang urang Cimalik nya Si Cécép pisan, da enya atuh najan rada gumasep, kabisana mah kaasup lumayan da maénna maké uteuk henteu napsu, henteu rurusuhan. Ana ngoperan bal bet merenah pisan keuna ka nu dimaksud téh siga nu diasongkeun ku leungeun bakating ku merenah.

Tapi nepika menit ka-80 can aya hiji gé gol nu nyangsang dina gawang, urang ditu urang dieu gé pada-pada embung éléh. Aya éta gé hiji kasempetan gol keur urang Lio, nalika Si Rawing nyebrut mawa bola ti sisi belah katuhu lapang, nu ngajagaanna Si Samad minangka bék katuhu geus kaliwatan kalawan babari, atuh Si Rawing geus euweuh nu ngahalangan deui tapi nalika bola ditajong muru belah kénca gawang, Dadang nu jadi kiper rikat néwak bal nepika nyuksruk kana taneuh. Salamet, bal téh teu jadi nyangsaya dina gawang Cimalik.

Ningali kaayaan siga kitu Cécép mikir bangun uleng, kumaha carana sangkan Tim Cimalik bisa ngasupkeun gol dina waktu anu tinggal sababaraha menit deui. Tina embung mawa wirang téa, antukna Cécép meunang hiji ideu deui waé.

Bola ti tengah lapang ditajong tarik pisan ku Uha nu kabagéan jadi galandang, dipapag ku suku kéncana Si Cécép nu harita keur aya di luar kotak pinalti musuh, atuh tuluy lumpat tarik muru gawang, tapi nalika geus dijero kotak pinalti, Éman nu jadi bék kénca ngadeukeutan rék ngarebut bal, ari sapatu Éman keuna kana mumuncangan Si Cécép ah lain keuna meureun nu kitu mah, katoél, da saeutik pisan keunana, tapi éta Si Cécép tijungkelna gé kuatka tilu kali. Nu narongton gé langsung jarempé bakating ku hémeng. Atuh teu konéng heula langsung asak tah kartu jang Si Éman téh. Antukna Tim Cimalik meunang kasempetan tendangan pinalti. Teu diengkékeun, Uha salaku kaptén tim langsung siap-siap rék najong bola, kiper urang Lio katingali pias sabab bisa kasebut sarébu hiji pinalti nu teu asup.

Piriwit ditiup tarik ku wasit, Uha lumpat mangpengan muru bola nu tuluy disépak tarik pisan, teu lila bola geus aya dina gawang méméh kiper musuh usik, teu ngalieuk-lieuk acan malah bakating ku tarik. Bareng jeung tingkocéakna pendukung tim Cimalik, piriwit panjang ditiup ku wasit. Beu teu bisa kacaritakeun deui kumaha atohna urang Cimalik jeung kumaha handeueulna urang Lio. Balik ninggalkeun lembur Cimalik téh bangun nu teu nangan, pangpangna ambekkeun ka Si Cécép nu maén kalawan teu suportif, tapi maranéhna teu bisa kumaha da kangaranan di lembur batur bati keuheul wé na haté.

Urang Cimalik mah bangun nu karanjingan pisan, tatalu éak-éakkan nyacapkeun kabungah. Ari Cécép saparakanca  asa enya jadi pahlawan kampung Cimalik, leumpang ninggalkeun lapang dibarung dangah gagah. Nalika nepi péngkolan digeroan ku Mang Ujang tukang sirop, rék pakaulan cenah sakabéh tim dibéré sirop gratis sabekong éwang. Keur haus aya nu haat, atuh mobok manggih gorowong téa kasebutna.

Keur nyaralsé kitu, kurunyung téh datang Haji Sodik ngadeukeutan barudak Cimalik. Nu keur nyuruput sirop langsung carengkat bari sung song sasalaman.

“Kumaha Jang maraén téh?” Ceuk Haji Sodik.

“Nyaéta Pa Haji, Alhamdulillah teu ngisinkeun. Dipasihan endog tah urang Lio téh, tu da sebel asa aing pangjagona.” Témbal Cécép bari sura seuri daréhdéh naker.

“Enya sukur atuh méh rada hampang hukumanna.” Deg téh kabéh barudak tuluy rasa.

“Ké ké ké maksad Pa Haji kumaha?”

“Marukan kami teu apal ku saha kalapa kami dialaan lain wayah téh hah? Puguh geus diancokeun jang pikopraeun, angkeuhan téh rék diala isukan pasusubuh bet kasampak téh cangkangna wé jeung bedog manéh ngagolér Cép, tah ku kami dibalikeun.” Kituna téh bari ngagedig indit. Karék sababaraha léngkah ngalieuk deui bari pok, ”Wayahna ba’da Lohor ngariung di teun Lurah.”

Mang Ujang nu titadi milu ngaregepkeun tuluy rey ambek, pokna.

“Teu uyahan silaing, ngadon babadog di lembur sorangan. Teu sudi aing mah méré mawéh ka tukang babadog. Geura balayar sirop aing!”

Tim Cimalik nu tadi dangah gagah téh, ngarumpuyuk bari ngaheruk. Kana wirang téa ieu mah.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan.