Carpon Bahasa Sunda (Mang Darisun)

Asa beuki kuru waé Mang Darisun téh. Baheula mah rada meureut meueusan awakna téh. Kiwari mah témbong pisan ganjorna. Gurat-gurat na budeureun matana asa beuki atra. Urat-uratna beuki ranteng ngagurat dina taarna. Ditelek-telek mah, jadi siga nu kerung salalawasna. Pasemon hiji jalma nu pagawéanna purah beberesih di sakola kuring. Pasemon jalma ripuh.

 

Harita manéhna keur ngosrak sasapu di panyawéran rohang guru. Keur sasapu mah beuki katémbong awakna nu beuki bongkok, kawas nu ngagandong beban hirupna nu beuki beurat waé. Sabaraha atuh ari pangaji tukang beberesih, leutikna tilu ratus gedéna ukur lima ratus rébu sabulanna. Jaba budakna nu satilu-tilu barurey kénéh. Kétang nu panggedéna mah kakara lulus SMA taun ayeuna, duka teuing dituluykeun atawa henteu tapi sigana mah kana tuluy ngalamar gawé mantuan kolotna sasieureun sabeunjeureun.

 

Tapi da biasana mah sok hégar, dalah sasapu gé sakapeung dibarung hahariringan. Selang-selang nanya ka guru nu karék jol, ngobrol sakeudeung, laju ngosrak deui. Jeung kuring nu resep heureuy mah komo, mindeng pisan sempal guyon téh, seuseurian duaan. Kunaon atuh ari ayeuna Mang Darisun téh siga nu ngemu bangbaluh? Geus teu kakuping deui hariringna lagu nu keur sasapu. Angot guguyon mah, les wéh.

 

Ana diinget-inget mah, asana kituna téh sanggeus Pa Asép, bendahara sakola, diganti ku Bu Lili, guru Matematika. Ari sabab digantina mah kawilang teu ahéng. Enya, aya duit nu ngaleungit, aya uang nu ngahiang. Moal aya jurig tumpak kuda, ku saha deui ari lain ku nu nyepeng mah. Teuing ah, wallohualam. Ngan éta Bapa Kapala Sakola téh bet diparengkeun salah milih jelema. Ma’lum tu da kapala sakola anyar, can nyaho bulé hideungna warga sakola kuring. Meneran nu jadi bendahara anyar téh guru nu pangteudipikaresepna boh ku murid komo ku guru-guru mah. Kuring sorangan asa kakara manggih jelema pantar kitu. Heuras genggerong téh saenyana, ana nyarita teu dipikirkeun heula naha baris ngeunaheun katampana ku nu ngadéngé atawa henteu. Cawadan deuih, teu kaop aya nu teu parok jeung kahayangna gancang dicempad. Asa aing bener teu batur. Matak mindeng pisan mun geus teu sapuk kana hiji hal, ngedalkeunna téh ku paréa-réa omong. Mun batur paséana can ngajengkat bari cireumbay mah sigana can puas.

 

Matak saprak diangkat jadi bendahara sakola beuki wé boga karep rasa manéh. Sagala kawijakan-kawijakanna katémbong pipilih. Nu sakirana nguntungkeun jang manéhna diwowoy dibéré mawéh, ari ka guru-guru jeung karyawan nu teu parek asa beuki disedekkeun. Kagiatan-kagiatan sakola arang langka dibéré dana, dalah pelatihan-pelatihan guru nu geus di-ACC ku kapala sakola gé, ari manéhna teu widi mah saha-saha gé moal bisa miang. Nu watir mah pesuruh jeung satpam. Gajih téh gajih wé hungkul, tara pisan aya émbohna. Baheula mah sok aya ‘uang kesejahteraan’ ti sakola, lumayan jang ubar jangar ahir bulan. Kiwari mah nyamos.

 

Kamari mah kuring asa mangnyerihatékeun. Sakola kuring téh kapilih jadi salah sahiji sakola anu baris ditiléy ku Tim Adipura ti Propinsi. Atuh riweuh kacida. Bapa kapala hayang sakolana katémbong berbudaya lingkungan, guru jeung murid nu kateumbleuhan. Saban poé jumaah barudak dititah meresihan kelasna. Diajar jadi kaluli-luli. Guru-guru gé diparéntahkeun pikeun ngajejeran barudak meresan lingkungan sakola. Sarwa ngadadak atuh. Tatangkalan ngadadak dipelak, kekembangan ngahaja dibeuli dijajarkeun sapanjang koridor sakola, sawaréh digantungkeun maké pot.

 

Geus tangtu tukang beberesih mah tambah deui gawéna. Guru jeung siswa geus baralik, ari Mang Darisun diandeg ku Bu Lili. Manéhna nitah Mang Darisun kadua satpam nyapuan lapangan upacara nu sakitu legana. Payuneun Bapa Kapala barentik curukna téh, nyirikeun pisan.

 

“Mun bisa mah sakalian empél mang, omat nya kudu laleucir. Isukan peniléy téh daratangna!” Kitu ceuk Bu Lili.

 

“Mangga, Bu!” Kecap anu pangmindengna kakuping ti Mang Darisun.

Nepi ka Magrib maranéhna meresihan lapangan upacara anu ceuk tinimbangan mah asa teu perlu. Tapi jigana Mang Darisun mah gedé harepan, susuganan ari nu nitahna bendahara mah aya buruhna, sabab digawé di luar jam. Lumayan jang meuli opieun boro-boroeun nu di imah. Ari hég, tong boroning diburuhan, ieu mah teu disuguhan-disuguhan acan, jaba lalakon gawé ti isuk méméh mumuluk nepi ka magrib, ari patuangan taya nu mikiran. Antukna kapaksa udunan jeung Mang Satpam, meuli indomi di kantin.

Mungguhing jelema, najan jelema leutik Mang Darisun gé boga kanyeri kapeurih. Isukna sasadu ka Bapa Kapala yén kamari lembur teu dibayar, babalédogan tadina mah, sugan késang kamari bisa ditaur ayeuna. Horéng béda tina sangkaan. Sugan téh rék haat, ari ieu hayoh Bapa Kapala téh nepungkeun Mang Darisun jeung Bu Bendahara, bari diécéskeun pisan yén Mang Darisun kitu-kitu. Bu Lili ngajengkat nangtung tuluy tutunjuk kana raray Mang Darisun nu leuwih kolot batan manéhna. Majar téh dasar tukang beberesih teu nyaho aturan, apan digajih unggal bulan téh jang meresihan ieu sakola, naha kudu ménta deui tambahan. Jadi gaji téh jang mayar naon? Reuwas Mang Darisun. Sepa rarayna. Da kakara atuh aya nu wani sosorongot bari tutunjuk ka manéhna. Rét ka Bapa Kapala, ulatna kawas nu ngumaha. Tapi nu diteuteup ngadon ngabalieur. Teu papanjangan, Mang Darisun dodongkoan amitan ka dua jalma éta.

Saprak kajadian harita Mang Darisun jadi robah paroman téh, jadi rada muyung. Gawé gé sagawé gawéna, puraga tamba kadéngda téh enyaan. Awakna beuki méotan, tonggongna gé beuki bongkok.

Geuning lain Mang Darisun wungkul nu ngarandapan katugenah kitu téh. Babaturan kuring pada-pada guru loba nu mutasi pindah ka sakola séjén. Da nu dibarendo geus teu bisa dipiandel. Bapa Kapala gé ayeuna mah asa linghas pisan, arang aya di kantor. Urusan sakola loba nu mandeg, da nungguan tandatangan manéhna. Kagiatan teu jaralan, dina lomba gé sakola kuring tara ngiluan. Atuh nu ti dinas gé ngarasa hémeng pédah sakola sakitu alusna bet ujug-ujug jadi pareum. Hiji mangsa dinas maluruh.

Sabuni-bunina nyumputkeun tarasi tangtu bakal kaambu bauna, antukna Bu Lili katut Bapa Kapala dicerek ku tim BPK. Tétéla ari Bapa Kapala mah mung dipariksa minangka saksi, nu diasupkeun ka BUI mah ngan Bu Lili wungkul sabab katohyan manéhna maké dana BOS jang kapentingan diluar sakola. Emh… teu nu baheula, teu nu ayeuna. Geuning duit mah watekna panas, sanggup ngaduruk sing saha waé nu talobéh nyekelanna. Siga seuneu.

Sakola mah angger lumangsung sakumaha biasa, bangun nu teu anéh ku kajadian nu geus kaliwat. Nu matak bungah mah ningali pasemon Mang Darisun. Asa cahayaan deui ayeuna mah. Sasapu gé sumanget kacida, seuri waé deuih teu kasaha-saha kituna téh. Siga nu menyat deui harepanna.

Teuing geus apaleun atawa acan Mang Darisun téh, yén ayeuna mah nu ngaganti Bu Lili téh … kuring. Geus saminggu kuring nyepengan duit sakola nu jumlahna ratus-ratus juta. Aya kasieun, tapi aya ogé harepan. Ras inget kana cicilan imah, ari gajih ngan tinggal satengahna kapotong ku cicilan ka bank.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan.