Nu Dipikamelang

Carpon Bahasa Sunda

Nu Dipikamelang

Poé nyérélék kasorénakeun, panon poé reup-reupan siga nu geus nundutan. Téréh tibra. Kuring di dieu sorangan. Manéhna can hol kénéh baé.

“Sakieu geus buritna, can mulang waé pamajikan téh. Sok nyiar-nyiar…” kuring gegerendeng sorangan, ambek ambek kasaha? Da sidik jinisna gé euweuh. Rahuh wéh.

Padahal mah da kuring téh teu kudu ambek siga kieu, enya naha bet bendu sidik éta mah hal nu lumrah manéhna elat balik ka imah, bisa jadi aya pagawéan tambahan di kantorna. Tapi naha ieu haté bet sakieu melangna, boa-boa manéhna geus apaleun perkara kuring. His, apal timana? Sakitu réképna atuh. Taya saliang gé pongpok angin nu ngahaja dibuka. Euweuh, éstu dipindingan pisan.

 

Mun inget kadinya, kuring jadi nineung ka mangsa baheula. Basa mimiti bogoh ka pamajikan, harita manéhna rumaja anu sumedeng mangkak mun kembang téa mah, awakna gé can salintuh ayeuna, langsing samalah bisa disebut begang. Jangkung sampulur, diwuwuh ku rupa nu hadé. Matak reueus pisan basa manéhna nampa cinta kuring harita, asa panglalakina rarasaan téh. Lamun meneran leumpang paduduaan, tatangga mani pada naringalikeun, sakapeung bari maruji.

 

“Duh Asép, meni nurub cupu. Nu geulis sareng nu kasép.” Beukah irung gé.

Kari kari ayeuna, sanggeus ngahiji salila lima taun bet can katitipan waé budak ti manéhna, nyaah mah éta gé teu ngurangan ngan haté teu bisa dibobodo, asa aya nu can kasorang dina kahirupan kuring nyaéta kanyaah ka budak sorangan, getih kuring.

Paralun Gusti, sanés abdi ngaleuleungit rejeki nu tos katampi éta ogé karaos pisan nikmat téh. Gajih sakitu ageungna, leuwih teuing dipaké jang béya hirup mah ageung leuwihna gé, can gajih pamajikan di kantor Perpajakan. Atuh ngalantarankeun harta banda téh éstu bru dijuru, bro dipanto ngalayah ditengah imah.

Rét kana jam dingding, geus pukul tujuh ning. Teu karasa waktu téh ari dipaké ngalamun mah.

“Kamana atuh, can balik waé.” Sakali deui dicobaan ditelepon kana hapéna, angger cara tadi, teu aktif. Baku manéhna mah ari geus poho nge-carge hapé téh. Sakapeung malah jadi masalah, siga ayeuna. Keun, engké mun balik rék digelendeng. Aya kamelang dina pikir, sieun manéhna geus apal, tuluy ambek, tuluy ngejat. Ah, éta pisan hal anu paling dipikasieun salila dua taun ieu. Rumasa, kuring rumasa salah geus nganyeunyeuri manéhna, geus sulaya tina jangji. Ah, ketang salah saha? Kuring teu salah, rasa mah anugrah ti Gusti, kuring teu bisa ngaembung-embung atawa ngahayang-hayang. Jeung deuih salila ieu kuring teu petot ngabanyuan pamajikan, kabéh kabutuhanna geus dicumpon ogé kaasup kabutuhan batin. Kanyaah kuring teu ngurangan ka manéhna, jeung manéhna gé bangun nu teu apal éstu ngawulaan téh angger ikhlas, cara sasari.

Enya, da manéhna mah sok tuluy jeung haté nanaon téh tara satengah haté. Hal éta pisan nu nyababkeun indung kuring bangun nu nyaah kacida, leuwih-leuwih ti anakna sorangan. Lamun meneran indung kuring gering, hayang dibaturan téh geus tangtu hayang ku Nyi Nuning. Lamun pamajikan balik ti ngendongan nu gering, indung kuring mah sok tuluy sumegruk, asa ditinggalkeun indung sorangan cenah. Imposible. Teu indung kuring wungkul, kabéh dulur kuring pada nyaraaheun, pada mikareueus kana pasipatan hadé pamajikan. Lamun aya nu kamusibahan tangtu teu ka saha deui ménta tulungna téh ari lain ka pamajikan mah, malah maranéhna leuwih deukeut ka pamajikan batan ka kuring anu sacara runtuyan kulawarga sagetih.

Bener, kuring téh sakuduna mah bagja meunangkeun pamajikan nu bageur pisan, teu loba kahayang teu loba paménta. Bageur, soléh, taya babandinganana. Tapi puguhan éta pisan anu matak kuring ngadua jeung Risa, Risa mah béda, Risa mah ogo, loba paménta jeung loba kahayang, sakapeung mun teu dicumpon téh sok tuluy buad-baeud. Ah, patukang tonggong pisan sipatna jeung Nuning. Sipat nu béda karasana jadi hal nu anyar dina hirup kuring, éta power-na.

Kuring nyaah malah leuwih nyaah ka Nuning batan ka Risa. Tapi duanana mangrupa kaéndahan anu béda jeung kuring teu bisa milih salah sahiji, kuring hayang nanggeuy duanana. Jeung deuih kuring hayang boga budak ti Risa, anu cageur, teu jiga pamajikan kuring. Ceuk kuring asa wajar, bongan tuda, bongan teu bisa nyumponan kahayang kuring, teu bisa méré katurunan padahal hal éta buahna dina rumah tangga, can sampurna lamun can aya buah haté nu ngawarnaan rumah tangga. Meujeuhna meureun mun kuring ngadua gé da sah ieuh sacara hukum agama, kuring ngawin Risa dua taun katukang sacara siri, sanajan can kénéh ngahasilkeun kuring yakin dina waktu deukeut ieu Risa bakal ngandung hasil kanyaah kuring.

Geus jam dalapan, susul waé kitu? Susul kamana kétah, boa geus teu dikantor, boa geus dijalan kadieukeun, cikan tungguan sajam deui mah mun can datang waé rék ngahaja disusul ka kantorna. Puguh melang sotéh da manéhna pangawak awéwé, sanajan bisa mawa mobil ku sorangan angger wé loba pibahayaeunana.

Komo lamun keur kaweur mah, moal boa mobil tijungkir kana gawir. Si! ari ngalamun téh, bararaid teuing Gusti. Mugi cing salamet wé, teu kacipta kumaha nalangsana kuring, komo kulawarga kuring mah tangtu kaleungitanna gé leuwih-leuwih ti kaleungitan kuring sorangan.

Geus leuwih ti jam dalapan, kuring geus kesel mencétan rémot tv. Acarana mah euweuh nu ngalangkang na panon. Nu ngalangkang iwal Nuning, pamajikan kuring anu sah dina surat nikah, anu salawasna nempatan hiji rohang na haté kuring, anu teu bisa digantikeun ku sing saha waé. Beu, tada teuing nyeurieun haténa mun seug apaleun yén hiji-hijina lalaki anu pangdipikanyaah ku manéhna geus jalir, meureun ayeuna téh keur reumbay cimata teuing dimana, boa-boa boga niat pikeun maragatkeun nyawa, boa…

Emh Gusti…. hapunten abdi. Rumaos tos ngalalaworakeun hiji umat anjeun nu sakitu bageurna. Naha kuring bet boga pikiran hayang ngadua? Teu, dirasa rasa mah na haté teu nilam rasa cinta ka Risa, nu karasa ngan saukur napsu. Napsu nu ngahaja digugu sabab kuring geus teu bisa meruhkeunana.

Rét deui kana jam, geus satengah salapan. Rahuh deui, ayeuna mah dibarung aya nu nyelekit dina haté naék kana mata jadi reumbay. Gebeg. Éra ku kalalakian, rada ditanagaan kuring ngusap cimata. Emh, deudeuh Eulis, batur hirup anjeun salila ieu geus nyulayaan. kuring geus sulaya. Geus teu satia. Tapi kuring embung kaleungitan Nuning. Mun milih mending kénéh kaleungitan Risa, kajeun teu boga katurunan, kajeun. Nyatana kanyaah Nuning geus leuwih ti cukup.

“Nuning, hampura akang…” Kuring geus teu bisa nahan rasa. Gap kana konci mobil, jung cengkat buru-buru muru garasi. Barang panto garasi kakara dibuka, tingburinyay lampu mobil di luareun imah, panon dikiceup-kiceup sabab sérab. Barang awas, tétéla manéhna. Kaluar tina mobil bari imut semu-semu hemeng.

“Akang, badé kamana?” Pokna

Gabrug, kuring ngagabrug manéhna. Cimata nu tadi ditahan teu burung bedah na taktakna.

“Moal Eulis, Akang moal kamana-mana.”

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan.