Pangalaman Seserahan

Carpon Bahasa Sunda

Pangalaman Seserahan

Rét deui kana jam dingding nu aya di tukangeun, karék pukul tujuh tapi tamu meni rabul titatadi. Sursor amplop bodas padangasongkeun ka indung kuring, katembong pasemon indung meni marahmay, tapi teu tembong dina beungeut kuring. Teuing atuh ah, bet asa karieu, kuduna kuring bagja sabab ayeuna téh kuring rék seserahan, anu satuluyna tinangtu bakal ngucapkeun jangji rumah tangga atawa akad téa jeung awéwé pupujan haté kuring salila ieu, Ratna. Pedah kakara kitu ngalaman hal samodél kieu atawa pedah saminggu katukang teu kahaja panggih deui jeung manéhna? Ah, asa ku piraku.

Alo-alo ngagaronjak titatadi. Pajarkeun kuring siga anu keur maén longsér sabab teu sasari make jas hideung kieu. Mémang kuring gé asa teu pédé makéna. Puguh wé anu biasa mamaké kaos oblong jeung calana pondok téh kari-kari ayeuna meni dines pisan.

Rét deui kana jam, geus satengah dalapan deui asa lila ka jam salapan téh padahal pan jangji indit téh jam salapan tidieuna nepi kaditu paling jam sapuluhan, geus paheut.

“Na ujang bet rét deui rét deui kana jam, nyalsé atuh da si ituna gé moal rék teu nungguan. Sabar atuh anggursi ngadoa méh pas ijab kobul lancar” ceuk nini kuring nu harita lamédong balas kandel teuing make up-na. kuring ukur rumahuh.

Ah, da rarasaan kuring mah lain kitu, puguh bet jadi bimbang naha rék tulus atawa moal kawin jeung Ratna téh. Dadak sakala hate kuring nu geus panceg jadi bimbang, gara-gara manéhna. Enya, kamari tuda bet ujug-ujug hayang ulin ka teun si Jalil babaturan kuring basa keur masantrén di Gombong tadina sakalian ngabéjaan yén kuring rék kawin. Ari gok téh manéhna pisan nu mukakeun panto, Nyi Imas.

Ayeuna mah asa beuki geulis Nyi Imas téh teu cara basa hahadéan kénéh jeung kuring nya begang nya hideung matak pedah hal anu leutik dijadikeun alesan kuring bisa megatkeun hubungan jeung manéhna. Ari ayeuna, asa hanjakal.

“Naon kang, putus? Naha….?” teu kebat manéhna kaburu ngagukguk ceurik, leungeunna nutupan beungeutna.

“Tah, hadé ditutupan beungeut téh Nyai, méh kuring teu kudu ningali beungeut anjeun nu teu matut éta.” Ceuk kuring dina jero hate. “Muhun, panginten urang téh sanés jodo, da kumaha deui atuh Nyai ieu kasempetan akang pikeun maju. Piraku bade nampik ajakan emang ka kota? Nyai atoh nya mun akang terus sangsara siga kieu?” kitu nu kebat mah.

“Sanés kitu akang, pami mémang akang kedah ka kota nya mangga, ngan tiasa panginten teu pegat gé da abdi bade ngantosan akang, abdi jangji bade satia.” ceurikna beuki tarik, kuring jadi mudigdig napsu.

“Nya heug, kuma Nyai wé da akang mah sakitu buktina. Teu, teu hayang papanjangan deui.” jung kuring nangtung, leos indit.

Ti harita kuring indit ninggalkeun kampung kuring, ninggalkeun Nyi Imas.

Di kota, kuring usaha mantuan Mang Jana dagang sayur di pasar Caringin. Sihoréng capé nu aya dagang di pasar téh, nya capé ngangkutan sayur nu karék datang, nya kudu dadasar deuih can ngaladangan nu meuli. Tapi kacapé téh kaobatan dua bulan sanggeus kuring ngamimitian dagang. Kabeneran elos emang kuring paréndéng-réndéng jeung elosna haji Odin, lain haji Odinna nu rék diomongkeun téh tapi anakna anu bungsu, Ratna. Kuring bogoh ka Ratna nepika unggal poé dibongohan supaya manéhna daékkeun dijadikeun kabogoh ku kuring. Tungtungna kuring hahadéan jeung Ratna mojang nu nya geulis nya bageur, beuki betah di kota, beuki poho kuring ka nu lembur. Aya dua taunna kuring teu balik ka lembur, nepika poé kamari pisan kuring kudu ngabéjaan si Jalil yén rék kawin jeung urang kota.

Nyi Imas katémbong bangun nu reuwas kacida barang muka panto, ambekkanna eureun saheulaanan ditandaan ku biwirna nu rada calangap sarta beungeutna langsung pias. Nya komo kuring, nu ningali popotongan bet asa jadi geulis lir widadari, awakna sampulur, kulitna nu asalna hideng meles téh jadi hejo umyang. Sigana mah asak omé Nyi imas mah da témbong lambeyna gé dipulas ku lipen setip warna kayas sahéab, socana nganggo cela nambahan geulis nu gaduhna. Tuur asa ramohpoy.

Manéhna ngamanggakeun. Kuring asup bari sadar teu sadar, na bener kitu ieu téh Nyi Imas popotongan kuring? Antukna kuring jeung manéhna aya dina kaayaan teu bisa ngomong nanaon ukur silih huleng, ngimeutan carita baheula, basa silih kaléng, basa kahujanan di lebakeun imahna, basa paduduaan galecok di sawah bapana nepika basa kuring megatkeun hubungan. Inget palebah éta kuring jadi kagebah.

“Ehmm… geuning Nyai, kumaha damang?” nu tungkul téh ngarérét, laju imut.

“Saé kang!” témbong pipina beureum basa paadu teuteup, “aeh, dugika hilap ké sakedap urang ngadamel heula cai” nu cengkat téh dibedol leungeunna, manéhna reuwas kuring langsung ngepeskeun leungeun kuring.

“Keun waé atuh nyi, da moal lami” ceuk kuring pikeun ngaleungitkeun kaéra “Naha geuning Nyai aya di bumi kang Jalil, nuju ameung ogé?”

“Ah, akang mah aya-aya waé maké ameung sagala siga budak bolon.”

“Har, ari kitu?” kuring tuluy rasa, boa-boa…

Barabat manéhna nyaritakeun yén sanggeusna kuring indit ka kota manéhna leungiteun pisan nepika kagegeringan, ningali pamolah kitu indungna nyi Imas teu cicing, tuluy budak parawan téh diadu-adukeun jeung si Jalil babaturan kuring di kobong anu sok maturan kuring mun meneran ulin ka imahna Nyi Imas. Abong nu kanyenyerian, diamprokeun téh sumuhun kumaha ema sareng bapa waé cenah. Atuh tuluy hajat gedé di imahna, ngawinkeun Nyi Imas jeung si Jalil.

Naha atuh cenah, diantosan téh akang mah meni teu uih waé bongkéna tos dikota, hilap wé kanu bau lisung mah. Kuring ngahelas ngadéngé panungtung caritana. Ngarahuh deui, rét deui ka nu geulis, ayeuna mah manéhna geus jempé. Naha kuring bet teu meunang béja? Naha memang dihaja supaya kuring jongjon usaha? Tapi ujug-ujug kuring boga patalékan anyar.

“Ari ayeuna si Jalil aya dimana Nyi?” Anéh, pasemonna ngadadak angkeub.

“Dasar abdi mah goréng milik kang.”

“Goréng milik kumaha?” kuring beuki panasaran.

“Kang Jalil tos tilu sasih ngantunkeun abdi, nalika nuju nambangan keusik di walungan lebak, apan peryogi keusik harita téh kang da nuju ngadamel pager, kari-kari meneran usum hujan bet urug geuning keusik téh. Duh, kang Jalil deudeuh teuing…” segruk manéhna ceurik.

Kuring ngilu sedih sabab nu maot téh babaturan kuring basa masantrén. Tapi anéh, sagédéngeun éta naha geuning aya rasa atoh ogé Nyi Imas ayeuna rarandaan. Hemeng ogé.

Harita téh kuring langsung balik di engké-engké ogé ku manéhna sabab poé geus mimiti poék bisi kahujanan dijalan matak melang nu diimah. Najan tadi rada kagoda ogé nalika manéhna ngaulahkeun kuring indit.

“Engké wé atuh kang, kahujanan ké geura sidik tos ceudeum kieu. Matak naon ngéndong sawengi gé da langki patepang ieuh.” Kuring nganuhunkeun tapi tuluy indit bari teu ngabéjaan tujuan awalna kuring datang ka imah si Jalil. Keun ah, teu kudu apaleun saminggu deui kuring rék kawin jeung Ratna, sangkaan téh bisi kuring babalik pikir.

“tinit tinit…” geuning aya sms nu asup, di buka.

From: My_luv

Kang, tos tabuh salapan. Angkat ayeuna nya! Diantos.

Ratna deg-degan. Asa teu percaya ayeuna badé nikah, ari akang?

Teu dibales. Ngadon leng deui ngahuleng.

Jam sapuluh leuwih opat puluh menit kuring jeung kulawarga geus aya di tempat hajat. Sanggeus panampian jeung sajabana antukna kuring nepi kana waktu ijab-qabul.

“Nampi abdi nikah sareng Néng Ratna Rumanti Binti Odin Subarna kalayan mas kawin emas dua puluh gram dibayar kontan.”

“Alhamdulillah… sah!” ceuk naib ogé sakabéh nu nyaksian kuring akad.

Kuring ngarérét Ratna, manéhna imut kareueut pasemonna katémbong bungah cahayaan. Tapi teu kitu haté kuring anu teuing aya dimana ayeuna. Sigana néang kanu keur nyorangan di lembur kuring di Cikuda.

“Ah, isuk pageto rék ngahaja nyimpang.” Gerentes kuring na jero haté.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan.