Contoh Pupuh Mijil

Contoh Pupuh Mijil

Jamaah téh asal béda nagri,
ti wétan ka kulon,
nagri kidul katut nagri kalér,
rupa-rupa bangsa pada hadir,
mungguh umat Nabi,
kabéh gé kasaur.

Di Mekah tepung silaturahmi,
patanya patakon,
silihrérét loba anu anéh,
nyidik-nyidik kulit warna-warni
panon, irung, biwir,
dedegan nya kitu

Ku pakéan gé matak kataji,
godéblag berelong,
potonganna gobrah jeung godobér,
nu disarung jeung nu disamping,
kabéh narik ati,
runtut raut rukun

Betah teuing mun pagilinggisik,
salam silih walon,
lamun pareng diuk paréréndéng,
silih tanya asal téh ti mendi,
silih beuli ati,
patepung jeung dulur.

Nimat pisan jadi umat muslim,
haté teguh tanggoh,
salieuk béh ku réa sadérék,
sosonoan jeung sakolong langit,
saméméh jung balik,
nuju alam kubur

(Dicutat tina Guguritan Munggah Haji, 1995, karya Yus rusyana)

Mesat ngapung putra Sang Arimbi
Jeung mega geus awor
Beuki lila beuki luhur bae
Larak-lirik ninggali ka bumi
Milari sang rai
Pangeran Bimanyu

Aduh Gusti nu Kawasa
Jisim abdi ageung dosa
Pangna abdi gering nangtung
Reh ka sepuh wantun nundung

Mung ka Gusti abdi pasrah diri
Nyanggakeun bebendon
Buah Laku mangprung tur talobeh
Mokahaan asa ieu aing
Ayeuna ngabukti
Hirup padanyatru

Babaturan kabeh api lain
Siga nu teu wanoh
Boro-boro ku daek malire
Dulur-dulur pon nya kitu deui
Sakalieun panggih
Teu nakon teu ngaku

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan.