KAENDAHAN KOTA BANDUNG
karya: Nurmalasari
mangsa eurang aganti jeung peuting
kota andung katembang marakbak
kota beuki asri bae
mangpirang lampu hurung
di langit bulan ngebrak
kota beuki ngempur
ngan hanjakal hawana teuing ku tiis
kapaksa kuring mulang
SAGALA PANGORBANAN ANJEUN, MAMAH
karya: siti nuralifah
mamah…
anjeun teh sagala bagi kuring
anjeun nu tos ngababarkeun ngageungan kuring
anjeun nu tos ngadidik abdi ti alit
sampe ka ayeuna tos ageung
anjeun oge sok ngadu’akeun
sareng mamatahan kuring
ameh jadi jalma bener
lamun kuring lemah geuring
kuring sok di ubaran ku anjeun na
kuring bangga ka anjeun mamah
kusabab anjeun teh tos ngobarkeun
sagala demi anak anak anjeun
mamah…
abdi nuhun pisan ka anjeun