Aya listrik di masigit
caangna ka pabrik Kina
Aya istri jangkung alit
éndahna kabina-bina
Baju hideung kancing tangan
dikaput ku mérang awi
Nu hideung matak teu nangan
sing émut ka diri abdi
Baju soéh tatambalan
kaput gedé jarumatna
Daék sotéh ngawulaan
lamun hadé rumawatna
Baju tablo dibulao
kembangna katuncar mawur
Ari bogoh ti baréto
terang-terang geus ku batur
Batu turun keusik naék
kalapa tonggoheunana
Itu purun ieu daék
sarua bogoheunana
Béak daun béak randu
unggal poé dibikeunan
Béak taun béak windu
moal weleh dileukeunan