Halodo Teuing Ku Panjang

Langit keur jongjon leleson

Kabaribinan nu récétna sora manuk
Nu panting geleber di buruanana
Néwakan hiliwir angin
Ubar awak nu bayeungyang

Sabot nguniang manuk geus nyarumput mantén
Kana dahan tatangkalan anu ranggas teu daunan
Akarna nanceb kana dada bumi
Nu nyongkéré dina gawir , teu walakaya
Tikoro garing halabhab kabina-bina

Langit ngan ukur ngaheruk
Lain teu surti réa nu geus butuheun ku cai
Tapi teu bisa majar kumaha najan geus lila tatahar
“ti kami mah ngan karicur” ceuk langit sorana dareuda “ngan panonpoé can kénéh méré paréntah”

Pannpoé teu tarima disalahkeun
Muncereng bari ngahaok , “sidik kami keur nganti-nganti panitah!”
Suorana ngahéab panas
Manjangkeun halodo nu beuki teuas

 

Karya : Yayat Héndayana

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan.