Harewos Bojong
Ku Hadi Faturohman
Dina tungtung peuting
Basa hujan teu jadi datang
Aya harewos na jeroning hate
Teu apal saha-sahana
Teu nyaho rupana
Teu inget di mana kungsi panggih jeung manehna
Tapi eta harewos
Lir sora angin nu ngahiuk
Siga sora galura di sagara
Estu matak ketir
Estu matak gimir
Sok sanajan ngan ukur harewos
Nu matak ahengna
Eta sora kungsi jadi ciri
Lamun kuring keur nandangan kanyeri
Najan ukur bari ngaharewos