Ka Mekah Ka Lebah Kabah
(Yus Rusyana)
Pohara hébatna duh matak tibelat
Mun pajar di wétan geus balébat
Nu ajeg rajeg samadhab papat
Sajuta saf!
Pohara hébatna duh matak geueuman
Mun srangéngé keur manceran
Nu ngacungkeun leungeun ngucapkeun takbir
Pertanda siap!
Pohara hébatna duh teuing ku sahdu
Mun srangéngé tunggang gunung
Nu sujud nyuuh ka datar bumi
Maha Suci!
Pohara hébatna duh teuing ku tengtrem
Mun srangéngé enggeus tilem
Anu calik tumaninah
Timpuh sumerah
Pohara hébatna duh pohara geugeutna
Mun layung beureum kasilih peuting
Suara nu awéh salam
Ti dasar bayah
Pohara hébatna duh maha digjaya
Hiji agama
Nu ngarampakgerakkeun raga
Nu ngarumpuyuknyuuhkeun jiwa
Ngumadepkeun umat ka Maha Ésa
Pohara hébatna duh maha wijaya
Hiji agama
Nu ngomandokeun siap ka médan jaya
Dua puluh opat jam kali sayaga
Ka legiun waja nu sajiwa
Najan di mana duh najan di mendi
Di mana-mana tuh sabudeur bumi
Najan di mana di Indonésia
Di Pakistan di Arabia
Di Aljajair di Tunisia
Di maroko duh sategal dunya
Ka Mekah ka lebah Kabah
Ka hiji pusat pertanda takwa
Ciliwung, 9 Juni 1965
(Sumber: Buku kumpulan sajak Yus Rusyana Nu Mahal ti
Batan Inten, Rahmat Cijulang, 1980)