Salapan bulan lilana urang dijero beuteungna
Peurih karasana, beurat jeung cape kacida
Taya nubisa ngarasa kanyerina
Jeung nyawa taruhanana
Dua taun lilana indung nyususan urang
Ngabimbing urang
Yen bisa jadi jela bageur tur bener
Sangkan ulah jadi jalma goring
Ngeclakna cai panon
Lamun urang bangor
Ngeclakna cai kesang
Capena ngurus urang
Saha nu bisa ngabales kanyaah indung
Kanyeri indung
Kacapena indung
Jeung cai panonna