- Sabenerna anu ngajadikeun teguh Lemahna iman jeung tékad hiji jalma, nyaeta iman jeung tékad anu aya dina dirina pribadi
- Luhung ku pangaweruh, ajrih ku pangarti, jembar ku pangabisa!
- Kudu saimbang antara hak jeung kawajiban, ulah hayoh wae nungtut hak ari kawajiban urang can di cumponan.!
- Ari nu jadi kolot mah nyarek teh lain ambek tapi saking nyaahna. Sing nu jadi anak salah lengkah antukna kaduhung sagede gunung
- Ulah sok kagoda ku herangna dunya..ulah sok panas ku beungharna manusa,,tarimakeun nu nyampak,ucap syukur ulah kufur!!
- Cing pinter tur bener, cing jujur tong bohong, ulah nganyerikeun batur, ngarah hirup loba dulur!!
- Bisi aya batur ka siku ati,,bisi aya sasama katincak rasa,,kade kudu ngajaga ucap nu nyilakakeun,,kade omat lampah ulah ngarugikeun!
- Manggih bagja ,ulah asa jadi raja!
- Pangkat ukur pupulasan, banda ngan ukur titipan, nyawa ukur gagaduhan. Tetela jeung rumasa, manusa tuna kaboga.
di catet tina: kata bijak urang sunda