Kereteg Mata Hate
Keur Kania
Ku Dhipa Galuh Purba
Basa raga teu walakaya
Sanes raga nu kateter mangsa
Estuning kanggo bukti
Yen raga teh manusia
Nu teu weleh baris katarajang
Kasakit, sakali mangsa
Tapi anjeun kudu terang
Alloh kalintang adil
Kuring langka mopo
Komo ditibanan anu parna
Margi Alloh Maha Uninga
Kuring moal aya nu malire
Harianeun sabangsaning
tunjangan, asuransi
Kuring mopo pikeun bukti
Yen kuring ukur manusa
Ilaharna manusa