Saban énjing muka jandéla
Tatangalan pinuh kekembangan
Nambih éndah pamandangan
Sora manuk nembangan
Mapaésan pasawahan
Anu sakitu ngeplak éndahna
Mung ku jaman ayeuna
Anu kitu atos leungit
Tatangkalan anu aréndah
Jadi gedong-gedong
Manuk anu unggal énjing kadangu sorana
Ayeuna mah tos teu aya deui
Kuring rumaos ka diri
Saha anu lepat
anu ngajadikeun lembur ruksak
Ku ayana gedong-gedong éta
Mung kajadian baheula
Anu sakitu éndahna éta pamandangan
Sigana moal bisa balik deui