Manusa Sunda neangan jalan
hirup anyar anu endah
hirup endah nu can karampa
tapi pasti bakal dating
Tata lawas taya tempat keur anjenna
najan alus teu kapake
Manusa Sunda ngalelebah poe engke
adat lawas geus diruang anu anyar can kateang
Satengahing jalan
sagala dirampa
unggal barang diajaran
dirasa ku rasa
dipake ku hate
henteu pageuh henteu udar
Mun baheula:
aya tatangga hilang – riab pada neang
aya orok di jarian – jadi catur eusi lembur
aya parawan mendeyang – unggal mojang kaisinan
bungah deungeun bungah kuring
sedih kuring dibantuan
Kiwari:
nu lian tilar – teu jadi sual
bayi diruang – teu aneh
can rimbitan geus orokan – teu kudu era
sewang-sewangan
mantuan jadi jasa nu wajib dibayar