Mieling Proklamasi

Hilman : “Agustusan taun 2014 ayeuna mah sigana bakal ramé geura Pop.”
Popi : “Naha ku naon kitu?”
Hilman : “Enya, apan umur kamerdékaan nagara urang téh panceg 69 taun.”
Déwi : “Aéh, enya. Di tempat urang rék aya raraméan naon waé, nya?”
Agus : “Alusna mah diayakeun pertandingan maén bal, sing ramé pisan.”
Hilman : “Ngan kana maén bal waé manéh mah.”
Agus : “Ih, da enya, mun aya maén bal mah resep. Naon resepna pésta Agustusan ukur tarik tambang, balap karung, balap séndok, jeung maén rebutan mah?”
Avip : “Yeuh, ari miéling proklamasi téh udaganana lain ukur resep jeung ramé. Anu penting mah urang kudu sukuran. Kapan merdéka téh meunang hésé capé, tur kudu ditebus ku pangorbanan anu kacida gedéna.”
Agus : “Alah, kawas enya manéh nyaho jeung milu ngalaman.”
Avip : “Heueuh, sayah gé ceuk béja, cenah kitu nebus kamerdékaan téh. Urang mah ayeuna ngan kari senangna. Barang gubrag ka dunya téh nagara geus aman. Teu ngamalan ririweuhan, teu kungsi hirup balangsak.”
Popi : “Ih, mani kawas kolot Avip mah ari nyarita téh.”
Déwi : “Kapan bakal jadi kolot engké gé, lain?”
Avip : “Enya lah…”
Agus : “Pokokna mah pésta Agustusan téh kudu ramé, nya éta ku ngayakeun pertandingan maén bal.”
Hilman : “Ih, manéh mah geus kana maén bal deui atuh!”
Agus : “Ari enggus, lamun uing resep, rék naon? Manéh mah kitu ari ka nu resep maén bal téh sok sirik.”
Popi : “Enggeus, Hilman, tong dilayadan si Agus mah, tara daék éléh omong!”

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan.