(sababaraha urang budak kelas III SMP, keur ngarumpul di pakarangan sakola, aya nukeur maca buku, aya numaen catur,aya nu keur nyalin pangajaran, jsb)
Wahyu : “sak, euy, sak! Kamana sok lah kamana ?”
Didi :”(mikir/ kerung) ah nukieu mah gampang tutup tutup bae ku kuncung, cing rek kumaha?”
Wahyu : “(ngahuleng sakeudeung, dangdak dengdek, ngagorowok rada tarik). Kuduna luncat kdieu, sak…ster…benteng ongkoh…dungplak… dudingplak… dungplak… dudingplak …(bari igel igellan)
eulis : “wahyu, gandeng atuh, batur keur ngapal keun, kagangu..!”
nani : ”enya wahyu, mah ngagangu pisan, piraku aya catur rame kawas maen bal…!”
wahyu : ”hayoh didi … hayoh, sak ster, benteng ongkoh!” (barudak nusejen jadi milu lalajo, ka gembang kuwahyu nu seserianbari igel-igel lan. Keur kitu torojol agus, gek diuk misah, paromanana bangun nu binggung)
dudi : “enya euy, eleh, rumasa euleh, tapisok sakali deui lah, da wani keneh!”
agus : “yu.. wahyu… ka dieu heula aya perlu. (wahyu ngalieuk)
wahyu : “hey gus… aya naon? Ke heula nya dud, aya agus, (wahyu nyampeurkeun agus, gek diuk ngarendeng)
agus : “yu… agus engke milu kaimah wahyu, nya. Ngendong di wahyu.
Wahyu : “aduh hanjakal gus, di wahyu keur loba tamu. Wahyu ge mondok di korsi panjang, cingsugan, dudi….. , dud… , kadiu heula, aya perlu!”
Dudi : “naon yu?… hey gus, catur yu?”
Wahyu : “catur wae dudi mah, kieu dud, agus rek milu ngendong di wahyu, tapi teubisa da keur seueur tamu, di dudi bias siga namah nya?
Dudi : “bias, tapi keheula, ku naon pangna agus rek ngendongteh?”
Agus : “ah, teu kunanaon.”
Dudi : “pasea jeung lanceuk agus, nya?”
Agus : “henteu..!”
Wahyu : “pundung meuren, nya?” (agus tungkul)
Dudi : “wah… na make undang-endong , era balikna deui engke.”
Eulis : “dudi, wahyu, nani, engkebubar sakola urang ngala jambu di agus yu!”
(euis ngicepan nani. Nani seuri)
Nani : “enya.. hayu.. enya gus nya, pan jangi urang mupu jambu tea.?”
(agus seri bari unggeuk, nusejen keprok, bring kaluar)