Budak awewe : “rek kamana urang te kang..?”
Budak lalaki : “neangan jalan, nyai, urang teh kasarung”
Budak awewe : “tapi kuringmah ges cape, titadi asruk asrukan wae…”
Budak lalaki : “sabarnya nya nyai”
Budak awewe : “lapar deih, beuteung geskukurubukan”
Budak lalaki : “nya, ke sugan mangih bubuahan”
Budak awewe : “tuh kang, itu buah naon meuni meuhpei kitu?”
Budak lalaki : “kabeneran nyai, kupa eta teh , ke urang taekan, nyai nungguan dihandap, nya..!”
Budak awewe : “enya, engke purag keun..”
Budak lalaki : “heug,,,! (lanceukna tuluy naekan tangkal kupa)”
Budak awewe : “euleuh mani aramis kieu, matak seger nukerlapar (dina pakupis mulungan kupa)”
(keur kitu aya oray gede, ngaleor nyampeurkeun kaeta budak awewe, tuluy ngegel sukuna.)
Budak awewe : “kang tulungan, aya nu gagarayaman kana bitis jeung nyocoan.”
Budak lalaki : “usap bae nyai meuren sireum.”
Budak awewe : “kang tulungan, aya nugagarayaman kana cangkeng jeung nyocoan.”
Budak lalaki : “usap bae nyai, meuren sireum”
(geus kitumah jempe, saenges nga lenggeng budak awewe oray teh ngaleor , tuluy numpi teujauh ti dinya)
Budak lalaki : “nya ngeus loba bebenangan teh? Nyai nyai dimana ,,,,,?? Ulah susumputan atuh (lanceukna gegeroan bari luak lieuk, adina terus di teangan , teukapangih , breh mangih oray gede ,gulang guling)
Budak lalaki : “beu,, adi aingtehmeuren di gegel oray kumaha kudu ngabedelna.?”
Manuk : “cukrih! Cukri!”
Budak lalaki : “cukrih..? diturih kupucuk eurih / enya kitu matih/”
Manuk : “Cukrih! Cukrih”
(geresel wae beuteung orayteh di turih kupucuk eurih burial adina kaluar, ngajepat geus teu nyawaan)
Budak lalaki : “(Nga hariring bari nga beberkeun hihid kabuyutan), geber geber hihid aing hihid aing kabuyutan, tingal nihi awaking…!” (kerenyed suku adina usik, hirup)
Budak lalaki : “geber geber hihid aing hihid aing kabuyutan, tingal nihi awaking…! (kerenyed pingping adina usik, hirup)
Budak lalaki : “geber geber hihid aing hihid aing kabuyutan, tingal nihi awaking…! (awak adina usik, hirup)
Budak lalaki : “geber geber hihid aing hihid aing kabuyutan, tingal nihi awaking…! (kerenyed kabehan nana usik, hirup eta dua budak the tuluy silih gabrug bakat ku bunggah)