Resensi Novel Bahasa Sunda (Prabu Anom Jayadewata)

Jejer Buku               : Prabu Anom Jayadewata

Panulis                     : yoseph iskandar

Pamedal                   : pusat studi sunda

 

Citakan                    : ka-1, yayasan pembangunan jawa barat, 1996

Ka-2,pusat studi sunda, september 2009

Ka-3,agustus 2011

Kandel Buku           : 95 kaca

 

 

 

anu di caritakeun dina novel ieu nyaeta hiji lalaki nu disebut pamanahrasa anu loba karumasaan, rumasa lain jajaka, rumasa geus boga pamajikan, rumasa umurna pajauh jeung nyai kentring manik mayang sunda. Leuwih jauhna deui, rumasa teu pantes dirina nyandingkeun nu geulis kawanti-wanti, endahna kabina-bina. Antukna asa percaya asa heunteu kana eta kajadian.

 

Can ge paler ku karumasaanana, prabu susuk tunggal ngabawarake ka balarea, yen pamanahrasa poe eta keneh dijenengkeun jadi prabu anom, kalawan julukana prabu anom jayadewata.

 

Akhir dina carita ieu nyaeta, pamanah rasa anu meunang beja ti utusan ngeunaan putusan sawala dinagri batulayang, putusan nu utama nyaeta wadiabala ti dua pihak nu keur pacengkadan kudu ditarik mundur, putusan anu kadua nyaeta prabu dewa niskala ti nagri galuh jeung prabu susuk tunggal ti nagri sunda, duanana daek teu daek kudu ngecagkeun kalungguhanana masing-masing, putusan anu pamungkas nyaeta nu nyangking prabu di nagri galuh keur saheulaanan di pasrahkeun ka jaya ningrat, sedangkeun nu nyangkring prabu di nagri sunda, keur saheulaanan dipercayakeun ka jayadewata ( pamanah rasa anu geus di jenengkeun jadi prabu anom atawa prabu anom jayadewata).

 

Dina novel Prabu Anom Jayadewata, yoseph iskandar ninggalikeun hiji sosok  lalaki anu gagah, tapi loba karumasaan kusabab anjeuna lain jajaka pas ngawinan nyai putri subanglarang, dina netelakeun tokohna panulis tiasa masihan gambaran ngeunaan pribadina. tokoh-tokoh nu aya dina novel ieu nyaeta, pamanhrasa(prabu anom), nyai putri subanglarang,nyai putri kentring manik mayang sunda, aya oge tokoh nu lian, nyaeta  prabu amuk murugul, prabu susuk tunggal, jeung sajabana.

 

Panulis dina nyaritakeunana nganggo basa loma sangkan babari kaharti ku anu maca,

Ngan hanjakal aya sababaraha kecap anu asing keneh, terus caritana teu pati cocok kanggo budak jaman ayeuna kusabab nyaritakeun kahirupan karajaan anu baheula, ngan jang anu resep carita ngenaan karajaan ieu novel bisa jadi salah sahiji novel anu dipikareuseup.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan.