Judul Novel : “Carita Nyi Halimah”
Pengarang : Samsoedi
Pamedal : Kiblat Buku Utama
Jumlah Kaca : 100 kaca
Ukuran : 14,5 x 21 cm
Taun Terbitan : 2005
Harga : Rp. 19.000,-
Resensi Novel
Carita Nyi Halimah ngalalakonkeun budak awéwé anu nalangsa nu asalna boga indung jeung bapa beunghar nu jug ujug jadi jelema susah. Basa bapana diasupkeun ka pangbérokan alatan pitenah deungeun, indungna kagegeringan nepi ka hanteuna pisan. Saterusna Nyi Halimah cicing di ninina bari digawé di imah Nyonya Linn. Basa kapanggih metik kekembangan di kebon sisieun gedong dununganana, manéhna disiksa ku Nyonya Linn nepi ka asa bubuk huluna, getih tina sirahna nyarakclakan kana bajuna. Basa keur nyekar di kuburan indungna, manéhna panggih jeung tuan nu keur bebedil, tuluy diajak digawé di imahna. Ti harita manéhna teu eureun-eureun meunang cocoba anu kacida beuratna, nepi ka ngalaman diasupkeun ka pangbérokan.
Kaunggulan novel “Carita Nyi Halimah” nyaeta, dina caritana ngandung atikan moral nu seueur.
Kumargi kakurangan novel ieu nyaeta nganggo undak usuk basa anu rada sesah dicerna ku jalmi nu awam kana basa sunda.