Saban poe bolokot jeung kesang
Mikir nepika buuk tereh ngipisan
Teu paduli cape jeung era
Teu eleh ku rasa hoream
Sosok anu dianggap tara paduli
Anu disangka galak
Anu dipikasieun pisan
Ariteun sosok anu pang nyaahna
Miheulakeun sagala kahayang barudakna
Majuangkeun kabahagiaan kulawargana
Eta sosok bapa
Anu dipikacinta jeung anu dipikanyaah