Gusti,
Sanaos abdi teu kantos balaka
Tangtos salira uninga
Abdi kantos milampah nirca
Ayeuna kacipta ‘na mangsa diri puasa
Mugi salira maparin lolongkrang
Ngawidian abdi ngudag kahayang
Nebus napsu nu mingkang gumiwang :
Nu sétra tina nista , nu sepi tina karisi
Paparin abdi rasa ni’mat anu natrat sarta bagja anu lana
Tina kaéndahan Tan Wangenan