Panonna beureum siki saga
leungeunna seukeut lalancip gobang
niplasan badan palapah gedang
Arkidam, Jante Arkidam
Di pangaduan di kalangan ronggeng
ngan hiji jagoan
Arkidam, Jante Arkidam
Ti peuting angkeub ku mendung
Jante raja alam petang
matek aji panarawangan
manjing ka liang sasoroting sinar
jariji beusi pakgade milang ku Ramona
Ngagisik hayang sidik
Jante mencrong mantri pulisi:
“Ki Mantri, tindakan andika lelewa bikang
ngabokong jalma keur tibra”
Arkidam ditalikung leungeun dua
sorot matana ngentab seuneuan
Samemeh beak poe kahiji
Jante minggat nitih cahya
kaluar ti panjara
Samemeh cunduk peuting kahiji
mantri pulisi nyungseb di dasar walungan
teu nyawaan