aya raga ngajepat, layon pahlawan
dadana ngudawang tepak pakarang
getih beurem ngalembereh
rang rang masehan jagat pertiwi
kapalidkeun hujan subuh
campur jeung remis janari
aya raga ngajepat, layon pahlawan
panona peurem, beungetna anteng
sesa imut ngalangkang sela biwirna
naha anjeun bangun iklas
apan eta dada sakitu racana
tepak lengen karaman
nu teu aya rasrasan
nya ka mana kuring kudu mawa layon anjeun
pang rerehna tacan kaburu dijieun
lantaran perang nu teu euren euren
aya layon ngajepat, layon pahlawan
di simbutan ibun subuh
di amparan taneuh ka dedeuhh
juuh cimata kareuus
baca oge nusanesna>>>>Drama bahasa sunda