hujan nu ngirincik mawa lamunan nu lawas katukang
katembong lebah tanjakan tutuwuhan arajeng mapay ngajajar
gunung nangtung bangun teya kasuwung
sawah ngeplak lir ibarat permadani nungampar ngagelar
breh ka kebeh kidul
walungan matak waas tetempoan
tangkal kihurip ngarey mapay dahanĀ muncang sisi gawir
bray ka belah kullon ngembloh satungtung penenjo
kebon sabangsaning palawija selang sekar di pelakna
tanah pasundan tanah kahirupan
lembur kuring panieungan