Tukeuran ieu sajak
Kusalimbar simbut atawa samak saheulay
Uheug rungkupkeun ka barudak anu teu kaburu heuay
Patinggolépak dina trotoar
Tukeran ieu sajak
Ku béas wuluh atawa heucak
Heug sidkahkeun ka nu haropak
Anu marakuk disaung atawa di kolong sasak
Tukeuran ieu sajak
Ku sababaraha siki pélor
Heug témbakkeun kan genggerong koruptor manipulator
Sina enya kalojor
Tukeuran ieu sajak
Ku beubetian tina kalbu anu rido
Keur nyébor anu balangsak
(Lamun teu kitu sasaak)
(Dictat tina buku Saratus Sajak Sunda)