Saha éta, panon hideung irung mancung
Naon éta, sura seuri teu paruguh
Kuring téh istri, budakna Pa Puji
Anjeun saha, ih duka teuing
Ulah baong, ulah jail
Bisi dibejakeun ka Pa Puji
Ulah anéh ulah sura-seuri
Bisi dibejakeun ka Pa Puji
Anjeun?
Oh anjeun…
Aya naon, bade naon?
Gening anjeun datang teu mawa nanaon
Sok anjeun gera nyarita
Anjeun nyarita
Cenah cinta nu dibawa
Haté kuring teu nyangrupa, reuwas kacida
Oh anjeun…
Kuring téh istri, budakna Pa Puji
Ulah méngkol ka ditu ka dieu
Bisi dibejakeun ka Pa Puji
Yasana : Wilda Nur Diansari