Bulan Di Langit Ngaleungit
Meureun Disumputkeun Naga
Bumi Alam Poek Mongkleng.
Barudak Recet Di Buruan
Sorana Patembalan
Samagaha! Samagaha!
Aya Kahariwang
Dina Hate Sewang-Sewangan
Bulan Sirna.
Ting Berebet Barudak Ka Pipir Imah
Tutunggulan Dina Lisung
Rampak Narakol Kohkol
Ngusir Naga Sina Nyingkir
Naga Nyingkah
Bulan Ngempur
Bumi Alam Caang Deui.