Leuleumpangan meuli timun
Meulina ka panyingkiran
Dari pada urang ngalamun
Mending heureuy sisindiran
….hayu atuh! Prung ah!….
Cikur jangkung jahe koneng
Lampuyang pamura beuteung
Rarasaan jangkung koneng
Sihoreng bureuteu hideung
…..eta geuning ngakunya ayeunamah….
Cau naon cau naon
Cau kulutuk di juru
Bau naon bau naon
Bau nu hitut di juru
Ecet-ecet oet-oet
Barudak ngarurek belut
Kapelet kuring kapelet
Kuranda nu gede hitut
Ngala awi dua tangkal
Ngalana bari dibedol
Hanjakal meuni hanjakal
Geulis-geulis bau jengkol
….Aduh aya nu hitu na gede bau jengkol, diukna di juru, cung saha eta tehnya?…..
Cikaracak ninggang batu
Dina batuna aya oa
Pulang anting hanyang nyatu
Tapi era kumitoha
Hayu aki urang ngecrik
Ulah poho mawa emberna
Kunaon aki beut ceurik
Hayang nyusu ka ninina
…..Alah si akang jorang euy…..
Lentera lampu lentera
Dikumbah diberesihan
Hampura atuh ahmpura
Ngan saukur sisindiran
Boboko ayakan petot
Papais teu dibitingan
Nini-nini nu geus peot
Diais kalah ngisingan
….aduh ari si akang nini diais?……
Meuli sereh ka Cikijing
Sakalian meuli salam
Pipikiran pararusing
Inget kanu di Darussalam
Heu..heuy.. ideh emut ka sahanya?
Angeun kacang-angeun kacang
Diawuran daun salam
Hayu gancang-hayu gancang
Sakola ka Darussalam
Sok enggal ajakan sarakola di Darussalam ngarah rame….!!!!!
Mawa papais ti maniis
Mawana dina daun salam
Saha itu anu gareulis
Eh…Ibu Guru Darussalam
Ke…ke… ari bapa guruna kumahanya?
“Ngga tau ah gelap.”
Ka Bogor meuli sekuteng
Balikna meuli kadong-dong
Saha itu anu garanteng
Bapa Guru Darussalam dong
Siii….P ah.
Ka Talaga Meuli senter
Jalana Mapay Cigowong
Cing saha anu palinter
Murid Darussalam dong
So..pasti atuh! Ceuk barudak bari nyengir.
Ieu mah sisindiran Bu Titi :
Aya jambu aya kadong-dong
Aya uyah aya cengek
Ngarujak yu…!!!???
“Hayu…atuh..!!!” ceuk bu Pitri mairan.
Tah mun ieu mah sisindiran Pa Ruli:
Pelesiran ka Ciater
Balikna teu mawa nanaon
Lamun ngaku budak pinter
Ari What hartina naon?
Semur jengkol rasana pait….
Nu nga MISSED CALL TEU Boga Duit…
….Hayang pulsa?????
Gunung Kelud…. gunung cireme
Nu teu udud ….. jiga embe ……ha….ha…ha….
Di tembalan ku Pa Yayan :
Pisang goreng…. cau jimluk….
Bengeut goreng…. kawas beruk… wk ..wk…wk…
Punten ah heureuy…..he…he..he….
Teraskeun nya….????!!!!
Obat nyamuk
Ka tebak angin
Si Otib ngamuk
Hayang kawin
Aya cai dina gelas
Di asupkeun kana botol
Lamun hayang naek kelas
Diajarna kudu getol
Buah nangka
Buah jeruk
Buah apel
Buah sirsak
…Eh…etamah nami buah-buahan atuh…!!!
Ngala eurih-ngala eurih
Sakebon menang sadapur
Nyeri peurih-nyeri peurih
Kabogoh direbut batur
….Tah nu etamah ceuk si OGI..
Permen mentos
Rasa cabe
Tos ah cape…..
Buah samangka
Jadi areuy
Marangga euy……
Daun sereh
Daun salam
Ngarah tereh
Wasalam……
Ontohot ah Hujan Na Bikin mata Lemot jiga marmot sok hayang ngalamot meh bolotot kawas Cepot trus matana asupkeun na knalpot ke asup On the spot 😀
Cing kiripik..satulang Sabajing…!! Saha nu kacapit Jadi Munding..!!!
Cing cangceuling manuk cicing ditampiling..!! Saha anu cicing pasti jiga Munding..!!! Cungg ahh..!!!
Cingcirining Cicing na piring bari ngahariring kuring dugika garing jeuding teu eling-eling….
Salawe dua lima…
sate kodok d colok-colok…
awewe jaman ayeuna
make anderok pa pondok-pondok…!
Kapinis ulah disumpit,
tangkal muncang ngarangrangan..
Ieu nulis badé pamit
duakeun ti kaanggangan ku sadaya
Kaso pondok kaso panjang
kaso ngaroyom ka jalan
Sono mondok sono nganjang sono
lawas teu papang dijalan…
Ka mana nya nyiar kulit,
hayang seubeuh sesewiran,
Ka mana nya nyiar duit
hayang seubeuh pelesiran
Batur mah dibaju hideung
kuring mah kabaya baé
Batur mah dipikatineung
kuring mah sangsara baé…
Cangkang cau di pulungan
Cangkang leupeut di piceunan
Ari hulu di tiungan
Ari *taeun* teu di tutupan..
nini-nini nuang bangkuang..
aki-aki leumpangna egang…
nini aki meuni beugang
kunaon but ditaranjang…
salawe 25
mobil sedan cetna hejo
awewe jaman ayeuna bisa dangdan
teu bisa ngejo…. Heuheuheu…
Aya nangka digembrong laleur…
Dibawa ka jakarta..
Disangka jalmi bageur….
Rek dipenta ngabalieur….
ka panJALU hayang Milu…
Mobilna pinuh ku leutak…
Numatak nu gede hulu…
Pantesna tinggang kuHALU…
Aya berit di jero kulkas….
Dicandak ka cihampelas….
Numatak ku wararaas….
Hulu sirit dihampelas….. Heu
Lamun lapar ka kantin…
Ari Datang Ka Sorean…
Tempo Gawe Hari Senin…
Kunaun but hoream….
Aya pawang buaya…!
pawangna ulin ka persia…!
kudu nyaah kana budaya…!
bisi dicolong ku malaysia…!
Tukang ketan make rancatan…
Nawisan ka urang wetan,,,
lamun tuang dihajatan..
ulah hilap keudah ngamplopan…
Nyandak ember ka wargi..
Bade gentos caina…
Kumargi titadi beser…
Teu aya waktos dicalana…
Ka Ci Awi Kanu Hajatan….
Manawi can di syareatan…
Sing saha anu tara jumatan….
Singhoreng baladna syetan…
Meuli ganas keur nu gering,,
mawana poe lebaran ,
kukulutus teu diubaran,
Hanas nyieun status meuni teu dikomentaran….Heu
kang jajang ka ondangan,,,
ceu lilis mawa karanjang…
Mun hayang gadis leunjang…
Teu kudu kokorandangan…
Bilih Nincak gaang, hariwang kang…!!! Heuheu..
rintik rintik bunyi hujan..,
leutik leutik beuki jajan..
Ulah jadi jalma leutik…
meunding janten mbah maridjan….
Cikaracak Cikareucik..
Cai hujan ditandean..
Budak leutik ulah ceurik
bisi ditinggang taleunan.. Heu3x
aya bajing mawa tiwu,
kamajalaya teu aya sasaha,
Wilujeng enjing kasadaya daya,
mugia sing sejahtra??
Meser bandros pake saos…
Ku pribados bari ngaleos…
Sanaos teu ngangge artos…
Teu sawios wios dituker ku termos..????
Permioooosssss…