Ngala kuya jeung mang Uda
Ngala hurang jeung mang Diran
Hey baraya urang sunda
Hayu urang sisindiran
Rujak cikur rujak bebek
Loba nu rek ngadaharna
Jalma nu sok gede ambek
Bakal kaduhung ahirna
Ka Ema silaturahmi
Teu hilap nyandak seupaheun
Jalma nu alus budi
Pasti loba nu resepeun
Lamun ulin ka Talaga
Balikna sok barangbawa
Lamun urang hayang surga
Jalanna nyaeta takwa
Ka pasar meser ragaji
Ragajina tinggal dua
Boga budak pinter ngaji
Nu reueus pasti kolotna
Ka warung meuli katuncar
Sakalian meuli jahe
Mun budak kedul diajar
Hanjakalna ke geus gede