Ninyuh ubar ku cipati
Diwadahan piring gelas
Anu sabar éta pasti
Ku Allah dipikawelas
Papan kiara ditatah
Iraha jadi lomari
Mun bisa miara létah
Mokaha salamet diri
Aya jalma teu boga banda
sadayana tos dipasihkeun
angklung teh ti tatar sunda
naha urang bet mopohokeun
Kadu pahili jeung nangka
Wadahna kana karanjang
Kudu apik jeung berseka
Sangkan sehat hirup urang