Dongeng Sunda
Dongeng Sunda – Sebagai contoh dongeng sunda kali ini saya memposting tentang cerita salah satu walin songo tepatnya di jawabarat. Dongeng sunda sunan gunung jati ini menceritakan kisah penyebaran agama islam di jawa barat. Semoga salah satu contoh dongeng sunda ini bermanfaat bagi sobat semua. Baca lagi contoh dongeng sunda lainnya di contoh dongeng sunda singkat yaa.
Sunan Gunung Jati
Saujaring carita, Sunan Gunung Jati kantos bumén-bumén di nagri Cina. Nyebarkeun agama Islam, malah dugi ka muka pasantrén. Sajaba ti ngawulangkeun bagbagan agama Islam, Sunan Gunung Jati ogé kaceluk tiasa nujum, cariosanana saucap nyata, saciduh metu. Tina katiasana, atuh rokaya santri-santrina beuki seueur baé, geus karuhan nu ngadon tataros mah beurang- peuting teu weléh ngabrul.

Kocapkeun maharaja Cina terangeun yén di nagrina aya waliullah anu nyebarkeun agama Islam. Terangeun ogé kana katiasana, najan dina manahna tetep masih cangcaya. Malah anu dipikapaur mah, pangpangna sieun kaéléhkeun pangaruh. Laju Sang Maharaja téh milari akal pikeun ngusir Sunan Gunung Jati maké jalan lemes.
Maharaja Cina kagungan putri anu jenenganana Anyontin, kacida geulisna jeung pohara dipikameumeutna. Sang Putri laju disaur ku ramana, dibadantenan bari diharéwosan. Satutasna kitu putri Anyontin mundut didangdosan, nganggo sinjang mangrangkep-rangkep. Ari di jero sinjangna diganjelan ku bokor kuningan anu bunder. Tuluy dibébérés kalawan rapi, nepi ka sabréhan mah siga pisan putri téh keur kakandungan. Maharaja Cina nimbalan nyaur Sunan Gunung Jati di pasantrén kalawan harita kénéh kudu kabawa ngadeuheusan ka karaton.
Kacaturkeun Sunan Gunung Jati parantos sumping ngadeuheus. Maharaja Cina pok nyarios, “Kaula ngahaja ngondang andika. Lain waé lantaran hayang papanggih, kaula téh boga anak awéwé hiji-hijina anu jenenganana Anyontin. Kaula téh hayang nyaho naha ieu anak kaula téh keur kakandungan atawa heunteu jeung iraha kira-kirana baris ngalahirkeunana. Tapi awas! Lamun engké andika salah, andika baris diusir ti nagri Cina. Kami teu suka ka jelema anu sok ngabobodo nipu ka batur téh! Kitu tah maksud kaula ngondang téh.”
Sunan Gunung Jati imut, lajeng ngawalon, “Gusti, numutkeun pamendak abdi, putra Kangjeng Gusti téh nuju bobot. Malah ayeuna parantos bulan alaeun, moal lami deui ogé baris babar. Taya sanés mung ku kersaning Gusti Allah Anu Maha Kawasa.”
Barang nguping cariosan Sunan Gunung Jati kitu, teu kaampeuh Maharaja Cina gumujeng ager-ageran. Anjeunna parantos hasil ngalejokeun Sunan Gunung Jati. Dawuhanana, “ Héh, Sjarif Hidayat! Andika téh palsu ari kitu mah. Pandita hina! Tukang nipu rayat! Geuning ka kami jeung ka Nyi Putri ogé kélu wani ngabobodo. Yeuh, bisi andika teu nyaho, Nyi Putri téh teu kakandungan teu sing, da can nikah-nikah acan. Melendung sotéh pédah baé sampingna diganjelan ku bokor. Ayeuna kénéh andika indit! Indit! Ulah cicing di nagri kami…”
“Nun Gusti Maharaja! Dawuhan Gusti katampi ku asta kalih. Nanging, upami sim abdi parantos mios ti dieu, nembé Gusti baris uninga yén Nyi Putri téh leres bobot…”
“Montong loba omong tukang tipu! Ayeuna kénéh …indit!”
Sunan Gunung Jati henteu terus mulih ka Cirebon, tapi angkat heula ka Karajaan Baniisrail di Tanah Arab, seja mapagkeun ibuna anu badé dicandak ka Cirebon. Angkatna numpang kana kapal dagang, kaitung lami angkleung-angkleungan di laut.
Kacaritakeun di lebet karaton, Maharaja Cina, pohara kagéteunana. Malah nepi ka molotot-molototkeun socana awahing ku hayang yakin. Héran jeung kagét anu pohara duméh putri Anyontin téh enyaan geuning bobotna. Nyi putri nya kitu deui, ceurik lolongséran bari sasambat ka nu janten ibu-ramana.
“Aduh, Ibu, Ama, ku naon geuning abdi bet kieu? Ku naon atuh geuning abdi téh jadi leres-leres ngandung sakumaha anu disaurkeun ku Sunan Gunung Jati? Ama, kumaha atuh abdi ayeuna? Leuh, isin teuing ku sadayana abdi kakandungan bari jeung teu gaduh salaki… telasan baé, Ama, abdi telasan! Isin teuing, duh, Ama…”
Nurutkeun adat Cina harita, kacida goréngna jeung hinana lamun hiji parawan reuneuh teu pupuguh méméh kawin téh. Saumur hirupna baris naggung wiwirang, seug komo ieu ninggang di putri raja pisan. Lain baé wirang, tapi moal boa baris guyur sanagara.
Dina kaayaan kitu, kapaksa maharaja nibankeun putusan, yén Anyontin kudu dibuang ka laut sangkan anjeunna teu kawiwirangan. Barang pok maharaja nibankeun putusan, praméswari ngajerit.
“Deudeuh anaking Anyontin, hidep rék dibuang ka laut. Aduh anaking anu teu tuah teu dosa, naha atuh mana goréng teuing milik diri téh. Meureun hidep baris jadi parab lauk engké di laut. Duh! Deudeuh teuing anaking, kakasih aing!”
Sabada tarapti, bring arangkat ka basisir. Teu cacaangan da ngarah taya anu nyahoeun. Nepi ka basisir, Anyontin ditaékeun kana parahu anu taya kamudian, taya dayungan. Pék dikedengkeun lalaunan, da Anyontin téh ti barang bral miang ti karaton ogé kapiuhan teu éling-éling. Tuluy parahu téh disurungkeun ku ramana, soloyong ka tengah lautan.
Sakabéh anu nyaksian, careurik, awahing ku sedih, teu téga nénjona.
Kocapkeun, basa kapal nu ditunggangan ku Sunan Gunung Jati balabuh di Cirebon, jrut Sunan Gunung Jati sareng ibuna lungsur. Tuluy arangkat ka basisir, rék ngajugjug Gunung Jati Sembung. Sabot kitu, katingali aya parahu leutik nyoloyong nyampeurkeun, beuki deukeut-beuki deukeut. Reg Sjarif Hidayatulah lirén heula bari nyidik-nyidik parahu anu beuki deukeut téa.
Kacida kagét jeung héraneunana Sunan Gunung Jati barang ningal nu tumpak parahu, sihoréng putri Anyontin putra Maharaja Cina téa. Sidik katingal yén Nyi Putri nuju kakandungan. Ras baé anjeunna émut kana lalakonna di nagri Cina basa Maharaja Cina nyangka ngabobodo tepi ka ngusirna. Lajeng Nyi Putri téh dihanjatkeun.
Ari putri Anyontin ngan bengong baé, lantaran acan jejeg émutanana. Tapi sanggeus rada lila mah émuteun yén jelema anu dipayuneunana téh Sunan Gunung Jati. Buru-buru putri téh sujud sideku ka anjeunna. Pok ampun-ampunan, neda dihapunteun sarta nyuhunkeun tulung sangkan mulang deui ka asal. Nepi ka inghak-inghakan nangis duméh wirang kakandungan kalawan teu kagungan carogé.
Kocapkeun, panuhun putri Anyontin téh dicumponan ku Sunan Gunung Jati harita kénéh. Putri Anyontin diwulang maca sahadat pikeun asup Islam. Sanggeus putri Anyontin ngucapkeun sahadat, ujug-ujug burusut baé bokor jeung sinjang-sinjang nu dipaké ganjel patuanganana téh marurag, arudulan, sarta patuangan putri Anyontin téh lépét deui sabihara-sabihari.