Bogor, 23 Pebruari 1997
Kahatur
Eka Sugiarti
Di Ceneam
Salam sono,
Ka, Kumaha Damang? Nuhun upami damang mah, Ratna oege waktos midamel ieu serat mah, Alhamdulillah aya dina kaayaan sehat wal-afiat. Kitu deui Mamah sareng Apa, aya dina panangtayungan Gusti Nu Mahasuci.
Ka, Kamana ciosna neraskeun sakola the? Naha kasa Tsanawiyah di Singaparna atanampi ka SLTP Negeri Cineam? Ratna mah katampi di SLTP Negeri 3 Bogor. Ari kahoyong mah ka SLTP Negeri 1, ambeh caket rorompok. Namung hanjakal teu katampi. Atuh ka sakola the rada tebih, kedah kana mobil sagala.
Di sakola Ratna sabangku sareng Tati. Nami lengkepna Tati Hoeryati, urang Jawa Tengah. Janten Tati mah teu tiasaeun nyarios basa sunda. Upami aya pangajaran basa sunda, sok sering naroskeun ka Ratna. Namung, sanes Tati wungkul rerencangan sakelas Ratna anu teu tiasa basa Sunda the, maklum seeur murid alihan ti Jakarta sareng sanes urang Sunda.
Ka, Ratna sono pisan hoyong pendak sareng Eka, InsyaAllah dina libur engke, Ratna bade ka Cineam. Apa oge bade cuti, Margi mang Sofyan, rai Apa anu di Cokondang bade nyepitan.
Dugi kadieu heula nya, Ka. Salam ka rerencangan nu sanes. Utamina ka Endah, Euis Rohayah, sareng sumiati. Teu hilap salam baktos kanggo Ibu sareng Bapak Juanda.
Baktos sobat
Ratna Suminat