Tarawangsa
Ku Toni Lesmana
Peuting meuleum sajak
Dina paruuyan
Kebul-kebul
Taraje ka alak paul
Wirahma langit
Jeung bumi, Sanget temen
Nu mangkat
Angseu taneuh jeung seungit matapoe
Dijentreng-jentreng
Dikeset-keset
Kacapi parahu waktu
Rebab pangwelah rasa
Ditengah laut igelan, Reundeuk
Ulah teuing di panteng
Sina ngangkleng, kleung
Ieung, kuring palid ka mama boa
Nyawang jangjang pulas panen
Aya nu usik, boa karembong
Leungeun-leungeun gaib
Ngaleng batin, Ngajak lumampah
Mapay-mapay galengan implengan
Sapanjang bulan purnama
Bae, Nyai Sri
Ieu kuring, ieu asih